"Santang, teungeutkeun, eta hadits hartina nyaeta basa kami keur aya 
disagigireun Rasulallah Saw. dina hiji mangsa ujug-ujug mucunghul dihareupeun 
kami hiji lalaki anu pakeanna bodah beresih, buukna meni hideung, henteu 
katenjo manehna tos lalampahan jauh, jeung kami henteu aya anu apal kamanehna. 
Terus jalma eta diuk (ngadeukeutan) Nabi Saw. nyarandekeun tuurna kana tuur 
Nabi Saw. jeung numpangkeun dua leungeunna di luhureun kadua pingping Nabi Saw. 
terus manehna ngomong : "Heh Muhammad, caritakeun ka kami ngenaan Islam", 
mangka Rasulallah Saw. ngadawuh : "Islam eta nyaeta maneh nyaksesni yen henteu 
aya sesembaheun anu boga haq disembah iwal Allah jeung Muhammad nyaeta utusan 
Allah, jeung maneh nanjerkeun shalat, ngaluarkeun zakat, puasa dina bulan 
Ramadhan, jeung indit haji ka baitullah mun maneh mampu ngalakukeun 
leuleumpangan ka dinya. Jalma eta ngomong "Kumaneh bener" Terus manehna ngomong 
deui "Bejakeun ka kami naon iman eta?" Nabi ngadawuh "Maneh
 ngimanan ka Allah, Malaikat-malaikat-Na, kitab-kitab-Na, Rasul-rasul-Na, jeng 
poe akhir sarta ngimanan kana taqdir hade jeung gorengna" Jalma eta ngomong 
"Kumaneh bener". Terus manehna ngomong deui : "Bejakeun ka kami naon ihsan 
eta?" Nabi ngadawuh "Kumaneh ibadah ka Allah saperti kumaneh nenjo Allah. Mun 
kumaneh henteu bisa nenjo Allah, saestuna Allah nenjo ka kumaneh". Terus jalma 
eta ngomong deui : "Bejakeun ka kami ngenaan poe kiamat". Nabi negeskeun ka eta 
jalma "Henteu aya anu leuwih nyaho iwal jalma anu nanya?". Jalma eta ngomong 
deui, bejakeun ngenaan tanda-tanda poe kiamat". Nabi ngadawuh : "Babu (budak) 
awewe anu ngahalahirkeun dununganna, jeung kumaneh nenjo jalma anu henteu make 
sendal, sataranjang (kurang pakeanna), miskin, pangangon embe, rame-rame 
ngaluhurkeun wangunan". Terus jalma eta indit............ 
"Heh Santang, saha jalma anu datang ka hareupeun Nabi?" ceuk Saidina Ali nanya 
ka Kian Santang. Dijawab ku Kian Santang "Iheng kula mah Kangjeng Saidina Ali, 
saha eta jalma teh?". Ceuk Saidina Ali "Eta jalma teh nyaeta malaikat Jibril 
datang pikeun ngajarkeun agama ka kami (para sahabat)". 
Hancaa.............


 
 


 

    

   



 
      

Kirim email ke