Bah Amin sanes 'Ki Leuksa Sunda' teh tos janten anggota milis kisunda,urang sunda? naha dikintun khusushon??moal doble nampi anjeuna??
--- On Thu, 5/31/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote: From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 206 To: "Ki Leuksa Sunda" <[email protected]>, "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Date: Thursday, May 31, 2012, 7:34 PM Atuh Padmini beuki napsu terus ngaluarkeun sagala kabisa ku rupa2 elmu nyerang ka Sangga Prakosa; tapi keukeuh teu bisa; jeung satiap gerak tangtu manehna seuseurian; jeung siga nu igel2an; tapi anehna tiap diserang teu bisa wae. Lila2 sanggeus saratus jurus Padmini ngarasa cape pisan; geus leuleus euweuh tanaga. Barang keur kitu Jol teh Senapati Jepara nu ngaran Ki Indrajaya; manehna nempo ti kajauhan ti na kudana yen Raden Ayu Dyah Padmini keur ripuh ngalawan hiji lalaki. Indrajaya kaget lantaran tara aya nu bisa ngalawan ka Padmini; loba guru2 nu eleh ku ieu Padmini; tapi kaciri eta pamuda unggul pisan; terus eta Senapati ngadatangan bari marentah pasukanana nyiapkeun panah. Tapi barang jol ka dinya; Ki Indrajaya ngahuleng teu jadi marentahkeun para prajuritna manah; malah langsung turun ti na kudana ; ngahormat rengkuh pisan ka eta si Sangga Prakosa. Ngan henteu we nyembah. “Hehehe , Ki senapati, aya naon ?’ cek Ki Sangga bari tetep ngalayanan Padmini nu ngos2an kacapean, tapi terus nyerang da ambek tea. “Eh Pendekar Sakti Sangga Prakosa; eta nu ku sampeyan dilawan teh Raden Ayu Dyah Padmini; putrana Sang Adipati, poma sampeyan ulah tuluy2an ngulinkeun.” Eta Pamuda terus we luncat ngajauhan bari seuri nyakakak matak pikasebeleun:” Wah uing teu apal maap atuh; eh Den Ayu Kula menta dihampura ………. “ Kakara ge eta pamuda nyarita sakitu, bari ceuleuyeu kerelek we Padmini kapiuhan harita keneh.HANCA
