Dulur, panjang lebar eta Kyai gariwayatekun "Kian Santang", nginum geus beak 
babaraha gelas, kesang ramisak maseuhan sakabeh awak. Dina akhir carita eta 
Kyai ngalungkeun hiji patanyaan (pertanyaan) ka para hadirin, ceuk Kyai 
"Hadirin wal hadirat, sakumaha anu geus dicaritakeun ku kula, Kian Santang 
salah neukteuk kanjut, eta jalma anu 10 urang kabeh paringsan, kusabab kanjutna 
diteukteuk sagelempenganna henteu disesakeun. Coba ku urang pikir, kumaha rek 
ngagawean pamajikan mun euweuh manukan, jadi dempes. Naha ibu-ibu daek boga 
salaki euweuh kanjutan dempes jiga bobogaan ibu?"  Geurrrr be jamaah sareuri 
kumna para ibu, terus Kyai neruskeun deui "Kukituna eta Prabu Siliwangi dina 
riwayat ngahiang. Kunaon eta prabu Siliwangi ngahiang, cing saha anu bisa 
nerangkeun?" Ceuk kyai ka para jamaah bari nguyup cai bodas dina gelas. Para 
jamaah ditanya ku Kiyai kitu pada marelong, ceuk salah sahiji jamaah "Prabu 
Siliwangi ngahiyang meureun sieuneun disunatan
 ja nenjo jalma 10 urang pingsan kabeh". Ditembal ku Kyai "tah eta sababna 
Prabu Siliwangi ngahiang teh nyaeta nyamuni (nyumput) teuing dimana nyamunina 
sampe ka kwari  can moconghol". Teus Kyai nutup ceramahna " وَالسَّلاَمُ 
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
The end

Kirim email ke