Wilujeng tepang Kang Yusep.
Kataji ku rencana ngadamel film make basa Sunda. Cobi gabung ka groups
diskusi di facebook "Fiksimini Basa Sunda". Ieu group media diskusi ngarang
fiksi. Sapanjang nu katengetan, asa loba naskah fiksimini nu sae upama
difilmkeun. Salah sahiji contona tinggali di handap. Jigana bisa dijadikeun
iklan kampanye ngurus lingkungan.

===
Fikmin #Era#
Ti tempat kongrés ka més téh teu jauh. Cukup ku mapay trotoar taman kota
bari gogonjakan jeung babaturan. Leumpang antaré, sagala diobrolkeun, bari
ngolomoh peremén. Aya oge nu ngambéng friedfrench, sésa konsumsi ti tempat
kongrés. Méméh meuntas, luak-lieuk heula. Horéng satukangeun abringan aya
opatan murid TKA. Barudak téh leumpangna bari mulungan cangkang peremén
jeung cangkang kadaharan urut ngambéng. Mireungeuh kuring saparakanca rék
meuntas, barudak ngarandeg. “Sampahnya, udah, Bu?” cenah. Tuluy lalumpatan
muru wadah runtah (Teti Taryani).
===


2012/6/12 yusep <[email protected]>

> **
>
>
> Nepangkeun abdi yusep, ti production house inamotion (www.inamotion.com)
> , sim kuring aya cita-cita hoyong ngadamel film, anu ngganggo bahasana
> sunda, sareng tiasa melestariskan budaya sunda khususna, ku kituna
> nyungkeun pidoa na ti mailing list ki sunda, supados ieu film dilancarkeun,
> amien
>
>  
>

Kirim email ke