Bah Oman oge para wargi, Ngeunaan kecap hojah atanapi ojah numutkeun pamendak abdi mah kieu:
- Hojah nunjukkeun kana daya panggerak anu abstrak, conto dina kalimah: "Na ilaing mah jadi lalaki teh meni euweuh hojahna pisan.. Ngadon ngeunah we sigana dihuapan ku pamajikan...keur kuuleun teh epes meer deuih..!" - Ojah nunjukkeun kana gerak fisik anu aktif, benten sareng oyag atanapi endag. Conto: "bangsat teh dicangkalak nepika teu bisa ojah", atanapi "Ojah siah mun bisa mah, ceuk ki Hasan bari mereketkeun cekekannana dina beuheung eta jelema" - Oyag sareng endag mah langkung pasif, dikeunakeun/dikaitkeun kana obyek. Dina hal ieu si obyek kedah aya anu ngoyagkeun atanapi ngendagkeun, model "oyag-oyagan katebak angin" Duka tah. Nuhun, >________________________________ > From: oman abdurahman <[email protected]> >To: [email protected] >Sent: Saturday, 16 June 2012 11:01 AM >Subject: Re: Hojah - [kisunda] tulisan mang kabayan di US > > > >Kang Lee oga baraya sadaya, > >Bisa jadi anu "hojah" di dieu asalna tina basa Arab: "hujjah", nyaeta >bukti-bukti atawa alesan, atawa dalil-dalil. Jadi, tulisan mang Kabayan >ngaakibatkeun bi Oeti ngaluarkeun dalil-dalil pikeun nampikna :). > >Kutan aya kecap "ojah" anu hartina usik? karek apal. Anu mindeng kapanggih >mah, anu rada deukeut kana harti eta nyaeta kecap "oyag" alias "endag" atawa >"usik" tea (ngan rada bedas tinimbang "usik"). > >manar > > > >2012/6/15 [email protected] <[email protected]> > > >> >>Hojah teh usik tea panginten Mang, kecap asli wewengkon priangan tengah, >>kadang sok dikecapkeun ojah.. >> >>Nuhun >> >>-----Original Message----- >>From: [email protected] >>Sent: 16/06/2012 1:08:04 am >>Subject: Re: Hojah - Re: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >> >>Bergerak untuk Maju... >>Terjemahan bebas na mah. >> >>Powered by Telkomsel BlackBerry® >> >>-----Original Message----- >>From: "Mang Kaby" <[email protected]> >>Sender: [email protected] >>Date: Fri, 15 Jun 2012 15:06:13 >>To: Kisunda<[email protected]> >>Reply-To: [email protected] >>Subject: Hojah - Re: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >> >>Keula ari hojah naon artina euy? Bahasa wewengkon mana eta hehehe... Hojah ~ >>Mijah lain? >> >>Nuhuuuuuns, >>Mang Kabayan >>www.dkabayan.com >> >>-----Original Message----- >>From: Deni Indra Kelana <[email protected]> >>Sender: [email protected] >>Date: Fri, 15 Jun 2012 07:33:04 >>To: [email protected]<[email protected]> >>Reply-To: [email protected] >>Subject: Re: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >> >>Dukung Bi, mari kita hojah, heuheu...:)) >> >>>________________________________ >>> From: "[email protected]" <[email protected]> >>>To: "[email protected]" <[email protected]> >>>Sent: Friday, 15 June 2012 11:24 PM >>>Subject: Re: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >>> >>> >>> >>>Tah, mun tos kieu abdi oge sok kapanasan ku tulisan mang kabayan. Mang >>>Kabayan Provokator ngarah si ekeu hojah. Ha ha ha.. >>>Powered by Telkomsel BlackBerry® >>>________________________________ >>> >>>From: "Mang Kaby" <[email protected]> >>>Sender: [email protected] >>>Date: Fri, 15 Jun 2012 14:12:05 +0000 >>>To: Kisunda<[email protected]>; UrangSunda<[email protected]> >>>ReplyTo: [email protected] >>>Subject: Re: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >>> >>> >>>Tah eta pisan maksud kuring Mang Deni :). >>> >>>Loba kabiasaan bangsa urang anu ceuk kuring justru nurunkeun kapercayaan >>>diri bangsa urang. Sigana kulantaran ti baheula urang dijajah Walanda jadi >>>ngarasa kurang pede meureun. >>> >>>Mun di milis US tah aya imel lanjutan kuring ka Mang Dudi Senior hehehe... >>>Kuring mere conto Pangeran Kornel/ Pangeran Kolonel anu gede wawanen >>>nyalaman Walanda ku leungeun kenca jeung manehna pahareup-hareup teuneung >>>ludeung euweuh kasieun. >>> >>>Kuring oge mere conto Surawisesa anu ngora keneh "ngarasa sajajar" jeung >>>bule/ portugis. >>> >>>Loba di urang anu teu pede... Nempo bule ngaleleper teu wani ngomong, >>>ngarasa minder hehehe. Padahal pan karuhun urang mah henteu. Nganggap >>>sajajar weh. Buktina Surawisesa wani nyieun Perjanjian jeung Bule... Walopun >>>Portugis orowodol tah pas Sunda Kalapa diserang kalahka lalajo "ceunah mah >>>telat" kulantaran keuna badai tapi gosipna mah ngahaja "ditelatkeun" soalna >>>si portugis geus bebeakan eleh di goa jadi lamun mantuan Pajajaran perang >>>ngalawan pasukan koalisi demak cirebon banten pasti manehna ngilu ancur >>>lebur hehehe. Gosipna mah geus aya "deal" manehna nyokot wilayah "Indonesia >>>timur" ceunah. Jadi ti baheula Indonesia dibagi-bagi ku bangsa batur. >>> >>>Mun teu salah Indonesia pernah dibagi 3 kakawasaan... Aya Walanda, Inggris, >>>jeung Portugis... Walanda di Batavia, Inggris di Bengkulu terus Portugis di >>>wetan. Tah Bengkulu ditukeur jeung Singapur ku Walanda jeung Inggris asana >>>mah. Jadi walanda ngawasa Indonesia kulon portugis ngawasa wetan. Singapur >>>pokus di Singapur jeung Indihe. >>> >>>Tah ti baheula bangsa urang hayoooh we kajepiiiit dina percaturan >>>perdagangan internasional. Nepi ka ayeuna hehehe. Cai, taneuh, kadaharan, >>>energi jrrd geus dikawasa ku batur. >>> >>>Nuhuuuuuns, >>>Mang Kabayan >>>www.dkabayan.com >>>________________________________ >>> >>>From: Deni Indra Kelana <[email protected]> >>>Sender: [email protected] >>>Date: Fri, 15 Jun 2012 06:53:12 -0700 (PDT) >>>To: [email protected]<[email protected]> >>>ReplyTo: [email protected] >>>Subject: Re: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >>> >>> >>>Ari numutkeun abdi mah teu janten masalah Bah, panginten pedah abdi teu >>>patos awas kana jujutannana.. :) >>> >>> >>>Tiasa dimaphum ieu bahasa nonoman, anak muda tea, anu memang nuju >>>sumanget-sumangetna ngadobrak tata-titi kabiasaan anu karaos nyengker kana >>>kamajengan. Panginten maksadna Mang Kabayan ngadorong sangkan Kang Ndud >>>langkung wanter teu kahalangan ku anggah-ungguh anu teu peryogi, anu salami >>>ieu ku sababaraha kalangan direken jadi salah sahiji faktor anu ngahalangan >>>urang (Sunda hususna) tiasa sajajar sareng bangsa sanes. Apanan teu kaop >>>sapasamoan saren bule, urang arab, atanapi bangsa deungeun sanesna, kuceces >>>weh ngarulapes, duka minder duka isin... >>> >>> >>>Saur abdi mah kantun taroskeun we ka Mang Kabayan sacara lantip, naha maksad >>>sikat teh nyikat Abah atanapi ngajurung supados der we ngungkapkeun eusi >>>hate mah tong kapalang, tong kahalangan ku kaera, tong kahalangan ku >>>kasungkan... Asa teu ari saur abdi mah papaseaan di milist teh, asa >>>maseakeun liwet basi, heuheu... >>> >>> >>>Nuhun, hapunten.. :) >>> >>> >>> >>>>________________________________ >>>> From: Abbas Amin <[email protected]> >>>>To: kisunda <[email protected]> >>>>Sent: Friday, 15 June 2012 10:30 PM >>>>Subject: [kisunda] tulisan mang kabayan di US >>>> >>>> >>>> >>>>apunten ka sadayana wargi US Message List >>>>< Prev <a rel="nofollow">&lt;&nbsp;Prev</a> >>>>| Next > <a rel="nofollow">Next&nbsp;&gt;</a> >>>>Loba hampura ~ Re: [Urang Sunda] Hapunten ka sadayana wargi US >>>> >>>>Lain euy sigana ieu ciri khas bangsa urang... Kurang Pedeeeee... Lamun >>pidato weh sautak saeutik can nanaon nyuhunkeun dihapunten... Sigana >>pasipatan ieu anu ngajadikeun bangsa urang kurang wani dina ngigelan >>sagala rupa boh dina kahirupan sapopoe oge dina widang pulitik/ >>kakawasaan nagara. >>>> >>>>Ari >>ceuk kuring mah bledag bleduuuug weh deeer pan urang ge teu boga salah >>lin... Pedeeee weh... Keuuun weh salah saeutik mah da manusa... Jeung >>da komo deui di milis mah pan bebas lain keur kongres hehehe. >>>> >>>>Jadi >>Mang Duuuuud deeeer weeeeh sikaaaaat wkwkwk... Matakna kieu yeuh can >>boga bikang wae teh hehehe... Ulah nepika aya istilah "yg muda yg >>bercinta... yg tua yg ngembat" nu ngora nu bobogohan... nu kolot anu >>numpakan hahahahaha. >>>> >>>>Walopun ngora keneh kudu teuneuuuung >>ludeuuuung jeung pertentang... Gede wawanen siga Surawisesa basa di >>titah ku Siliwangi nyokot Layang Jamus Kalimushada... Ngora keneh >>wanian nyieun perjanjian kerjasama jeung Portugis anu harita karek >>meunang perang ngelehkeun Malaka... >>>> >>>>Ulah eleeeeh ku etnis lain ah... Maenya hayooooh wae urang sunda teh >>>>kajepiiiit deui... kajepiiiit deui... >>>> >>>>Nuhuuuuuns, >>>>Mang Kabayan >>>>www.dkabayan.com >>>>________________________________ >>>> >>>>From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...> >>>>Sender: [email protected] >>>>Date: Fri, 15 Jun 2012 17:06:44 +0700 >>>>To: <[email protected]> >>>>ReplyTo: [email protected] >>>>Subject: Re: [Urang Sunda] Hapunten ka sadayana wargi US >>>> >>>> >>>>bagea! bah, kuring ge menta hampura hususna ka abah, umumna ka kum >>jenuk urangsunda, kuring geus ngabarubahkeun ieu milis.... lembur nu >>sakieu tengtrem teh ibur sabab aya jelema kurang gaul jiga kuring :( >>>> >>>>perkawis >>fikmin mah, sok hilap digejeburkeun ka dieu (tah bukti kuring ge >>pamalesan, jadi nu kamari teh, daek medu sanes keur bah Abbas nyalira). >>bilih bade macaan mah mangga jugjug ka dieu: www.fikminsunda.com . atanapi >>upama bade husus maca fikmin kuring mah, heuheuy deuh! kaluar narsisna yeuh, >>mangga toong di dieu: http://uaduq.wordpress.com/fiksi-mini/ >>>> >>>>nuhun, >>>> >>>>uaduq! >>>> >>>> >>>> >>> >>> >>> >> >> > > > >
