Hapunten Bah, sareng wargina. Upami kuring nyusur awal ti postingan ieu nyaeta 
ti Kang Hasan, anjeuna nuju kasrak kusruk milarian anu patula patali seni jeung 
budaya, teras prok paamprok sareng situs ARAMCO anu dina lebetna nyajikeun 
samacam jurnal ngenaan yen Aramco salah sahiji parusaah minyak Arab Saudi anu 
nganyeponsoran budaya jeung seni. Teras Kang Hasan naroskeun Naha Aya 
perusahaan minyak samodel PT. Pertamina EP nyaponsoran seni jeung budaya. Kitu, 
tapi na kunaon jadi meleber ka pelebah wahabi, da esensina "Sponsorship kana 
masalah seni jeung budaya".
Punten Bah oge para wargi ieu abdi meugat babasan, mangga 
dilajeungkeun...........
 

________________________________
 Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 20 Juni 2012 10:55
Judul: [kisunda] Re: Pertamina jeung Aramco?
  

 
   
 
Leres pisan, saleresna kitu. Malah lamun teu lepat mah Saud teh minantu 
Muhammad bin abdul wahab. Saud mimpin nyerebu Mekkah, ngusir Turki di awal abad 
ka 19. Tapi sanggeus ngawasa Mekkah sababaraha taun, Turki Usmani balik 
nyerebu, saud eleh, manehna ditewak, terus dibawa ka Istambul, akhirna dihukum 
gantung. Tapi katurunana Abdul Aziz bin Saud, neruskeun perjuangana, kalawan 
dibantuan ku Inggris, bisa ngabebaskeun Arab Saudi ti Turki Usmani. 

Lamun teu lepat dina salah sahiji ajaran Wahabbi, ngabarontak ka pamarentah teh 
teu meunang, rakyat kudu satia ka pamarentah. Tapi ku tumuwuhna Arab Saudi, 
asupna pangaruh jeung budaya luar, nyababkeun aya sabagian urang Arab Saudi teu 
narima, ajaran teu meunang ngalawan pamarentah teh "diutak-atik" deui. Dina 
buku "Kudeta Mekkah", dicaritakeun kumaha kuciwana urang Badewi anu nomaden, ku 
Raja Abdul aziz dititah tumetep di hiji tempat. Di taun 1920'an kaum badewi nu 
teu sugema, barontak ka pamimpinna nu baheula dibelaan Abdul Aziz. Abdul Aziz 
menta tulung ka Inggris, nu barontak teh nyerah da di bom ku inggris. Tah salah 
saurang tantara pambarontak teh, sanggeus eleh, hirup jadi jalma biasa, manehna 
boga budak diaranan Juhaiman al-Utaibi. Juhaiman ieu jadi tokoh dina 
penyerebuan Masjidil Haram di taun 1979.

Saterasna? Ke aya tamu heula ....

WLY 

--- In mailto:kisunda%40yahoogroups.com, Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...> 
wrote:
>
> Bah willy, kuring can kungsi maca sajarah saudi, ieu ukur tina dongeng
> babaturan, lulusan uin jakarta, cenah wahabi teh aya samemeh muhammad saud
> ngadegkeun nagara saudi. caritana, muhammad bin abdul wahab jeung muhammad
> saud ditalian ku simbiosis mutualismeu, wahab, salaku ulama, butuh
> perlindungan kaamanan ti saud, nu umaro, keur ngadakwahkeun ajaranna.
> sedengkeun saud butuh legalisasi langit sangkan kakawasaannya ditarima ku
> sakabeh kalangan, nu kabeneran dibawa ku wahab.
> 
> saurna eta oge bah... :)
> 

   
      

Kirim email ke