Enya swareh aya nu dimuat ku PR, Galamedia. Kuma redakturna, nu milihna.
Kecap naon kitu nu teu pati kaharti?

Mun resep kana fiksimini, gabung ka group facebook, Fiksimini Basa Sunda.
Tah di dinya oge aya Kang Dudi, Kang Oman, oge nu sejenna.

2012/6/20 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> He.he. Kang Hasan geuning ieu tulisanna aya PR.
> Dipostingkeun deui akh, resep kana undak usuk basana "tingkat tinggi" uing
> rada rumpa rampa nyasaran eta makud kecap
> Balayar
> Senin, 28/05/2012 - 17:14
> FIKMIN-PR -- Hoang sirineu. Kapal tarik jangkar. Panumpang rajeg di birit
> kapal. Ngangkleung mingkin nengah dianteur hibarna layung. Ting burilak
> lambak, ngempur umpal-umpalan. Hiur angin kaburitnakeun, ngabebetah nu
> balayar. Ngong admagrib dina sapéker ngagareuwahkeun nu anteng ngalayung.
> "Mending magrib heula sakalian isa, meungpeung ombak masih lindeuk! Maju
> ka peuting ombak tambah motah!" Rét ka Si Samsu. "Ari manéh palangan
> kénéh?" Pokna ka nu gigireun. Si Hamad ukur nyéréngéh. Majar lebar ku
> ngempur layung.
> Budalan ti musola Al-Bahar langit mongkléng karungkup peteng. Si Hamad
> masih ngalangeu dina bangku di buritan. Ngelun ngagulung haseup Dji Sam
> Soe. "Urang teruskeun deui cangkulan yu!" Pokna. Ngincid muru ka barak.
> Waktu nérélék ka tengah peuting ombak tambah rosa. Kapal inggeung. Gebret
> hujan. Ngahudang kakeueung. Ombak mingkin motah ngulinkeun beuteung kapal.
> Ngeplok.
> Orolo tukangeun! Orolo gigireun! Solontod si Hamad ngusruk. Borolo utah
> uger. Kaluar jeung papaitna. Beungeut sepa, panon celong, awak ngadégdég.
> Kulahék. Nu giras nyungseb ngalempréh. (Ki Hasan)***
>
>  
>

Kirim email ke