Joni keur nenteng bedil angin arek moro manuk. Manehna ngagidig muru tempat nyaeta leuweung saketeng anu jauhna ti lembur kira-kira 12 KM. Datang ka eta tempat, manehna mereskeun bedil terus dieusian pelor, terus dikompa opat kali. Beres mereskeun bedil terus manehna lempang bari dungka dongko neangan manuk. Mun aya sada manuk manehna ngarandeg terus keteyep lalaunan lempang bari panonna ngawaskeun manuk. Dina hiji tangkal aya manuk Haur Koneng keur cindeten, si Joni ngokangkeung bedilna kana arah manuk. Teu sadar diluhureun sirahnadina salah sahiii dahan tangkal ngagandol sayang odeng. Pas maneh ngarahkeun bedil aya areuy anu nyangkut kana awakna, eta areuy ngarambay kana dahan nu aya sayang odeng. Eta areuy kajijetkeun ku awakna sampe eta odeg ngarasa kageureuwahkeun brul hariber ngagoeng kaluar dina sayangna. Para odeng nempo aya manusa dihandapeuna, teu antaparah eta para odeng langsung nyerang beungeut si Joni terus nyeureud "Tuit...tuit...tuit". Menang serangan ngadadak kana beunget jeung rasana panas si Joni kaget terus leungeunna kupas kapis nakis ngahilingkeun para odeng. Teu kuat meunang serangan ti odeng, si Joni make jurus pamungkas nyaeta lumpat 1000 langkah ngabecir. Diudag-udag para odeng, si Joni lumpat ka walungan, terus brus luncat teuleum. Nempo musuhna ancrub kana wahangan, para odeng ngeureunan ngudagna terus maranehna baralik deui kana sayangna. Tapi si Joni anu aya dijero wahangan teuleum mucunghul bari beungeutna teubeum (beungkak) di hajar odeng, na hatena "Apes amat aing poe ieu, manuk can beubeunangan geus diseureud odeng" bari leungeunna ngusapan beungeutna anu tembeum (beungkak). Kunaon nyah, mun diseureud odeng sok bengkak, teu pira satona leutik, ditines ge paeh? Poe naas moro manuk teu jadi da kapegat odeng, manehna balik deui kalembur, sapanjang jalan ngaharegung nahan kanyeri. Sampe ka imahna disampakkeun pamajikana keur aya di tepas imah. Pamajikanna kaget nempo salakina beungeutna tembeum "Kang, kunaon eta beungeut tarembeum kitu?". Ceuk si Joni ngajawab sangeunahna "Di gebug jurig!". Ngadenge jawaban salakina kitu, pamajikanna malah ngabarakatak seuri "Ha..ha..piraku jurig bisa ngagebug, kara ngadenge jurig bisa ngagebug jelema". Ditembal ku si Joni rada nyentak "Heueuh jurig odeng!!! terus manehna ngagoledagkeun awak kana samak anu aya ditepas imah. (IS).
