Harita jam 17.56 kuring, pamajikan jeung tilu anak keur ngumpul di rohangan
tengah nonton TV. Teu lila ngong sora adzan di Masigit, kuring mere komando
supaya gancang abdas, ka budak anu pangletutikna lalaki anu karak umur 5 taun
kuring ngajak "De hayu urang shalat isya" Ditembal ku anak "Ayu pa, tapi dede
teu acan abdas, antosan dede abdas heula". leos maneh ka kamar mandi. Teu lila
jol manehna bari ngomong "Pa...pa..dede anu komatna" Ceuk kuring "Oh mangga
raden, sok komat". Anak kuring komat, tapi aya anu pkaseurieun, kieu komatna
"Allahu Akbar 2X, Ashaduallailahaillallah, Ashaduannamuhammdarrasulallah,
hayya'alasholaah, hayya'alal falah, kodok komati sholat, kodok komati sholah,
Allahu Akbar 2x La illahaillallah.........." Eta pamajikan kuring teu kuat
nahan seuri, tapi ceuleuweung anak kuring nu ka dua budak awewe protes "Dede
komatna salah!!!!" Ditembal ku anak kuring anu leutik "Naha salah, Pa enya
salah?" bari nempo ka kuring, ceuk kuring
"De sanes kodok komati sholah, tapi kodkomatissalah, nya tos lah kin enjing
ulah kodok komati sholat nya?"