Episode ka
58 : Lasmini Dewi 

   

Nyi Padmini
di na ngagedekeun budak orok, Kacida tulatenna; sigana teu meunang ku batur,
sagalana ditanganan ku sorangan; para badega nu rek ngabantuan ge ditolak ku
ieu Nyi Padmini, pajarkeun teh keun we da ieu mah tugas hiji indung ngurus
orok. 


Kaciri pisan
nyaahna Padmini ka ieu orok nu dingaranan Lasmini Dewi teh; atuh nya ieu orok 
teh
dadasarna memang sehat, ditambah ku tulaten nu jadi indung, Lasmini jadi orok
lucu nu sehat pisan; jeung kaciri ieu budak bakal pigeuliseun. 


Ti barang
Lasmini umur lima taun sukuna sok dibengker ku lamak dibulen; atuh gerakna ieu
budak teh rada beurat jeung hese. Biuti sok rajeun nanya kunaon eta budak
dibeungbeuratan kitu; tapi Padmini ngan ukur ngajawab ku mesem nu loba 
hartina.   

Nya teu terus ditanyakeun, meureun ku sabab
Padmini teh masing enya ge putri Adipati, tapi oge Pendekar; meureun eta teh
ciri kapendekaran.  


Memang
Lasmini geus dibere dadasar elmu kanuragan ku Padmini; nu mimiti nya eta elmu
hampang raga. Nu matak elmu hampang ragana Lasmini engkena memang pang
istimewana. 

Lantaran Padmini meunang dadasar ieu elmu nya ti Sangga Prakosa;
jadi elmu ieu nu dibikeun ka Lasmini teh. Sanggeus biasa gerak
kudibeungbeuratan kitu; beuratna ditambahan deui saeutik saeutik ku 
Padmini.HANCA
 

Kirim email ke