Punten, ieu tulisan
rada panjang 
 
Munafek
Ku Mang Udin 
 
Ti Abu Hurairah
Ra., Rasulallah Saw. ngadawuh : “Tanda jalma Munafek eta aya tilu, nyaeta lamun
ngomong (nyarita) manehna sok bohong, lamun janji manehna sok jalir janji,
jeung lamun dibere amanat manehna sok khianat” (H.R. Muslim)
 
Diantara ujian anu paling  beurat Ummat Islam kiwari nyaeta sikap kamunafekan.
Kamunafekan geus mangrupakeun sikap jeung budaya. Ironina, maranehna henteu
hayang disebut Munafek, malahan maranehna ngaku diri salaku masyarakat modern,
masyarakat anu bakal ngaronjatkeun harkat jeung martabat manusa, anu ngabela 
masyarakat
leutik, anu ngabela kaadilan, anu ngabela ajegna hukum, anu ngabela hak azasi
manusa jeung sajabana. Sikap Munafek model kieu geus ngarupakeun kadaharan 
jeung tontonan jalma
rea, anu dipintonkeun ku media, boh media elektronik atawa media cetak.
 
Sikap jalma munafek  anu pang jelasna nyaeta sikap cunihin (pangecut).
Sajarah dakwah Islam geus nyatet, kamunafekan eta muncul basa  Ummat Islam 
hijrah ke Madinah. Harita kaum munafek
geus aya jeung bisa dipikanyaho sanggeus kajadian perang Badar. Waktu harita
loba tokoh gegeden  Quraisy anu paraeh
dina perang Badar, Ummat Islam harita aya dina kajayaan. Waktu harita loba
jalma-jalma musyrik anu sieun kana kasalametan dirina, sieun leungit hartana.
Pikeun nyalametkeun diri, maranehanana nembongkeun diri salaku jalma Islam,
padahal dina hate maranehanana pinuh kurasa kahewa jeung ijid ka Islam.  Allah 
Swt. ngagambarkeun model jalma kitu,
sakumaha dauhan-Na : “Jeung saupama maranehna amprok jeung jalma-jalma anu
ariman, maranehna ngucapkeun “Kuring geus ariman, Jeng saumpana maranehna balik
deui ka syetan-syetan maranehna, maranehna ngucapkeun “Saenyana kuring sapanuju
jeung maneh, kuring ngan sakadar heuhereuyan” (Q.S. Al-Baqarah : 14) 
 
Kaum Munafek hayang
salamet, tapi henteu ngabogaan kakuatan, kusabab eta maranehna marake baju
jeung atribut Islam sakadar tameng , anu hakekatna maranehna ngamusuhan Islam.
 
Kanyataan eta beda
pisan jeung kaayaan Rasulallah Saw. jeung para sahabat saencan hijrah ka 
Madinah.
Mumusuhan jeung kahewaan maranehna eta dibuktikeun langsung  ku sikap jeung 
tindekan anu  radikal, jeung offensive. Mangrupa-rupa cara
maranehna ngalakukeun, saperti moyokan (ngalelewe), ngaledek, hinaan, boikot,
embargo, siksaan, nyerang pake sanjata, sampe ka maehan. Milampah zalim, kejem,
jeung nindes sarta ngancurkeun ummat Islam Sakabehna dilakukeun mangsa
maranehna boga kakawasaan, sagala kakuatan aya di leungeun maranehna. Henteu
aya sumput salindung, anu henteu asup ka golonganna dibabad beak.
 
Sacara umum, jalma Munafek
nyaeta jalma anu nembongkeun kahadean, tapi dina jero hatena nyimpen kajahatan.
Ceuk Ibnu Katsir, Nifaq (sifat Munafek) eta aya dua macem nyaeta :
1.    Nifaq
I’tida mangrupakeun kayakinan hate, anu hal ieu nyebabkeun jinisna kekel di
jero naraka,  
2.    Nifaq
amali nyata mangrupakeun amalan jeung sikap hirup, ha ieu mangrupakeun dosa
gede 
 
Sacara etimologi,
nifaq asal kecap “nafiqoul yarb’u” nyaeta liang sayang sato samodel beurit. Sato
eta nyieun liang di jero taneuh, anu mana liang jero taneuh eta boga sababaraha
panto. Beurit eta mun asup ka hiji liang, manehna bisa kaluar ti liang anu
sejen. Saumpama aya jalma rek newak eta beurit, maneha bisa gampang kaluar
nyalametkeun diri ti liang panto anu sejen. 
Jalma Munafek
nyaeta jalma anu sacara lahiriah nembongkeun kaalusan, padahal dina jero hatena
nyimpen kajahatan. 
 
Panjelasan
hadits
Jalma Munafek
ngabogaan ciri-ciri husus. Jalma mukmin anu hatena dibere cahaya ku Allah bakal
gampang mikanyaho naha hiji jalma eta kagolong Munafek atawa lain, nyaeta ku
nempo laku lampah jeung prilaku sapopoe.
 
Diantara cirri-ciri
husus eta nyaeta tilu hal anu disebutkeun ku Nabi Saw. dina hadits kasebut di
luhur :  
1.     Umpama
manehna ngomong, nyarita atau mengabarkan hiji hal manehna bohong (dusta)  
Misalkeun manehna
nyaritakeun si Fulan mawa pamajikan si B ka hotel terus ditumpakan di jero
kamar. Padahal kanyataanna, jalma anu manehna caritakeun eta henteu pisan-pisan
ngalakukeun sakumaha anu manehna tuduhkeun. Manehna bohong. Mun hiji jalma
ngabohong, mangka dina jero hatena geus aya sifat nifaq. Mun dusta geus ngajadi
kabiasaanna, mangka manehna geus kaasup jalma munafeq.
 
2.     Mun
janji, manehna jalir janji
Misalkeun manehna
ngomong : “Mun kuring kapilih jadi Gubernur atawa Kapilih jadi Bupati, kuring 
bakal
ngomean jalan Saketi – Malingping – Cibareno, Kuring arek ngomean inprastruktur
jalan, Moal aya deui jalan gantung anu ngabahayakeun barudak anu arek sarakola.
Kuring arek ngabebasken (gratis) biaya sakola”. Tapi janjina henteu dicumponan
ngan ukur di biwir bae, sanggeus manehna jadi Gubernur atawa Bupati manehna teu
ingeut kana janjina, saperti angin hitut anu kaluar teu karasa, ngan kaambeu
bau. Jalma saperti eta kagolong Munafek, kusabab jalma mukmin nyaeta jalma anu 
nyumponan
janjina, sakumaha Firman Allah ngenaan sifat jalma-jalma airman :
“Jeung jalma-jalma
anu nepatan janjina mun manehna ngajanji” (Q.S. Al Baqarah : 177) 
 
Mun urang manggihan
aya jalma anu sering ingkar tina janjina, mangka kudu dipikanyaho dina jero
hatena geus nendeun sifat nifaq.
 
3.    Mun
dipercaya manehna khianat
Jalma munafiq
nyaeta jalma anu sok ngahianatan kana amanat. Mun urang ngamanatkeun jeung
mercayakeun harta ka manehna, supaya manehna nyalurkeun ka kaum fakir miskin,
mangka manehna henteu nuneikeun amanat eta sakumaha mestina. Manehna bakal
nyunat harta fakir miskin  pikeun
kapentingan pribadina atawa golonganna, jeung mikeun
sesana ti harta eta pikeun fakir miskin.  Mun ditanyakeun   ngenaan   
panyaluran harta fakir miskin, mangka manehna
baris gampang mere laporan bodong jeung manipulasi data. Anu leuwih jentre
conto lain nyaeta sumpah jabatan “Demi Allah, kuring janji arek ngajalankeun
jabatan ieu”, tapi kanyataan salila nyekel jabatan karetoh nenjo dana itu ieu 
pikeun
ngawangun kasajahtraan masyarakat disunat, anu akhirna ngajadi sunatan massal,
masyarakat ngan saukur jadi panongton, mun kabagian eta oge sesana, anu akhirna
henteu heran mun aya bangunan sakola gampang rubuh, jambatan rubuh, jalan
gancang rusak jeung lain-lain.
 
Mun urang
ngamanatkeun ka manehna pikeun ulah muka rusiah, manehna baris gampang
ngawur-ngawur kabar ka tengah masyarakat. Mangrupa-rupa hal di luhur oge anu
sajenisna ngarupakeun ciri-ciri jalma munafek.
 
Dina hadits lain
Rasulallah Saw. ngadawuh :
“Ti Abdillah bin
Amr, Rasulallah Saw. ngadawuh : Opat hal mun hiji jalma ngabogaanna mangka
manehna nyaeta jalma Munafek murni, jeung sing saha anu ngabogaan salah sahiji
sifat tidinya, mangka manehna geus ngabogaan sifat Munafek sampe manehna
ninggalkeunana (nyaeta) mun dipercaya manehna khianat, mun ngomong osok bohong,
mun janji manehna ingkar janji jeung mun pasigeungan manehna sok ngadorakaan 
(dolim)”
(HR. Bukhari).
 
Ciri kaopat anu
ditambahkeun Rasulallah Saw. dina hadits di luhur nyaeta mun manehna
pasigeungan (beda pandapat) jeung baturna sorangan, manehna pasigeungan sacara
henteu sehat (henteu fair). Mangrupa cara dilakokan, malahan ngadoliman batur
sorangan. Manehna henteu hayang adu omong (diskusi) sacara elegan, fair jeung
nalar. Sakabehna eta henteu penting pikeun manehna, anu penting nyaeta target
kahontal, sanajan kudu ngarugikeun jalma sejen. 
 
Saterusna, munafek murni
sakumaha dijelaskeun Rasulallah Saw. nyaeta maranehna anu dina sapopoena
ngalakukeun ku opat sifat : khianat kana amanat, ngabohong (dusta), jalir
janji, jeung ngahalalkeun sagala cara mun pagetreng (dolim).
 
Kasimpulan
1.     Aya
tilu golongan manusa : kaum ariman, kaum munafek, jeung kaum kafir. Kaum munafek
jeung kaum kafir nyaeta maranehna kekel di jero naraka.
 
2.     Nifaq aya dua macem, kahiji Nifaq I’tiqadi
nyaeta nembongkeun iman jeung kahadean sacara lahiriah, tapi hakekatna nyimpen
dendam, kahewaan, jeung kakufuran. Nifaq I’tiqadi ieu anu ditembongkeun ku
sabagian jalma mangsa zaman Nabi Saw. Sakumaha anu dijelaskeun ku Allah dina 
awal
surat Al Baqarah ayat 14). Jalma-jalma munafiq ti golongan ieu bakal aya
sapanjang sajarah manusa.    Kadua, nifaq
amali, nyaeta kamunafekan anu dilantaranekun ku lemahna iman, sahingga manehna
migawe kalakuan-kalakuan goreng patut anu dilarang Islam. Ciri-cirina nyaeta
aya opat sakumaha anu dijelaskeun di luhur. Jalma Islam anu ngalakukeun salah
sahiji ti opat hal di luhur, hartina manehna ngabogaan sifat munafek. Jeung mun
migawe/milampah kaopat kasebut, manehna kaasup golongan jalma munafek murni.
 
3.    Difinisi
munafek nyaeta jalma anu nembongkeun kahadean, tapi dina hatena nyimpen maksud
jahat.  Jalma ngabohong (dusta) disebut munafek
kusabab manehna ngabohong, ucapanana ngan amis di biwir, tapi hatena nolak naon
anu diucapkeun lisanna. 
 
Jalma
ngajanjikeun tapi henteu nepatan janjina (jalir janji) disebut munafek kusabab
manehna boga sikap ngayakinkeun ka jalma lain ku janjina (nembongkeun kahadean)
tapi dina hatena manehna boga maksud arek ingkar janji anu manehna ucapkeun
(nyimpen maksud jahat).
 
Jalma
anu dipercaya tapi saterusna ngahianatan disebut munafek kusabab ti awalna
manehna ngayakinkeun  jalma anu mere
amanat yen manehna bakal nyampekeun amanat eta, tapi kanyataanna manehna henteu
nyampekeun amanat sarta ngahianatan.
 
Jalma anu pasigeungan jeung babaturanana,
terus manehna migawe kadorakaan (zalim) disebut munafek kusabab dina lahirna
mangsa pahareup-hareup manehna nganggap sabage pasigeungan biasa jeung dianggap
teu aya nanaon, tapi buntutna manehna neangan mangrupa tipu daya jeung muslihat
pikeun nyilakakeun baturna.
 
Kukituna, kaopat ciri-ciri
jalma munafiq anu dijelaskeun ku hadits Nabi Saw. saluyu jeung difinisi umum
jalma Munafek. 
 
Wallahualam
bishawab
 
 
Maraji :
1.      Syarhu
Riyadhus Shalihin, juz IV/576, Ibnu Utsaimin
2.      Fi
Dhilalil Qur’an, I/30-32 dan 42-43, Sayyid Qutb
3.      Tafsir
Ibnu Katsir, I/78
    
      

Kirim email ke