---------- Forwarded message ----------
From: roro rohmah <[email protected]>
Date: 2012/7/3
Subject: [Urang Sunda] Carpon : Nu Ngajak Wawanohan
To: "[email protected]" <[email protected]>


**


Carpon Puriding Puringkak
*Nu Ngajak Wawanohan *
***ku : Nyi Roro*
Medal di Mangle no. 2371
** **
** **
Kaayaan di jalan harita poék mongkléng, lumayan caang saeutik tina sorot
lampu motor. Kahayang kuring mah ngajalankeun motor téh satarikna ambéh
téréh nepi. Hanjakal, motor kapaksa dijalankeun lalaunan, da jalanna
garékgok loba batu galédé. Teu jauh ti kebon eurih nu kaliwatan, aya
sababaraha wangunan pabrik heubeul nu geus teu kapaké téa. Ujug-ujug reeey…
bulu punduk maruringkak deui. Aduh Gusti, aya naon deui atuh ieu téh?
Kasebelan! Motor ujug-ujug pareum deuih! Hadeuh, mangkaningan jauh kénéh.
Starter otomatis sababaraha kali dihurungkeun, mesin angger teu hurung.
Kapaksa kudu diselah. Bremmm…breeemm… hadéna motor hurung deui. Karék gé
tanggah, panon kuring ujug-ujug manco ka palebah gedong pabrik. Katingali
aya nu ngajanggélék. Panon dikerejepkeun sababaraha kali, angger éta
mangkeluk ngajanteng di lawang panto maké baju bodas semu kuleuheu, siga
baju nu geus heubeul. Beungeutna teu pati jelas da katutupan ku rambutna nu
panjang ngaringkiwik.
Teu antaparah motor digas satarikna… “Mamaaaaaaaaahhhh! Tuluuuuuunggg!!!”
bakat ku soak teu karasa kuring ngageroan nu jadi indung. Aéh,
****naha****motor jadi asa beurat kieu? Teu salah eta mangkeluk milu
naék motor! Ya,
Allah Gustiii…! mani asa lila-lila teuing nepi ka jalan gedé? Kuring
babacaan deui sabisa-bisa. Hadéna motor nu biasana loba mogok harita mah
bisa diajak ngebut najan ****bari**** acleng-aclengan ogé. Jol ka jalan
gedé, kabeneran aya pom bensin, kaayaan teu pati tiiseun teuing. Motor
ujug-ujug ngahampangan.
“Paingan kamari manéh papelong-pelong jeung Pa Éman basa kuring bagéan *shitf
*peuting, sihoréng loba jurigan nya?!” ceuk kuring basa isukna ngahaja ka
imah Awan. Minangkana mah kuring teh amitan jeung mihapé omongan
pangnepikeun ka Pa Éman yén kuring moal gawé deui di pausahaan éta.
“Hampura uing Jan, tadina rék dibéjakeun ka manéh yén di rohangan éta loba
jurigan. Ngan, uing karunya ka manéh, siga nu butuh pisan ku pagawéan.
Susuganan manéh bisa kuat gawé di dinya. Ari pék téh sarua baé jeung nu
lian geuning? paling kuat ngan ukur saminggu”, ceuk Awan ménta hampura ****
bari**** seuri konéng.

(TAMAT).

 

Kirim email ke