Biasa
barudak laleutik, ari heureuy sok kaliwatan; maranehna barang nempo Lasmini,
terus ngahareureuyan; tadina mah Lasmini ngelehan maneh we; tapi eta barudak
kaleuleuwihi ngomong pajar Lasmini teu boga bapa; datangna ka dinya teu jeung
bapa.
Lasmini di
na waktu eta mah teu bisa sabar deui; langsung wae eta budak nu nyaritana
kaleuleuwihi kitu dicabok; atuh hing2 ceurik; dulur2na sarua misanan rek
ngahurup;
lain sieun malah Lasmini beuki ambek; nya ger garelut ! Tapi eta nu lobaan
euweuh nu kuat malah Lasmini ngamuk mani rosa; atuh barudak nu ngaheureuyan teh
ting jurahroh; malah aya nu nepi ka kapaehan! Atuh para pangawal karaget terus
we diparisah; saterusna laporan.
Padmini nu
keur ngariung jeung adi2na nungkulan ingkang rama; kacida kagetna. Terus we
kaluar Lasmini digusur bari ditanya sabab2na garelut.
Lain sieun
eta Lasmini malah nanya ka Padmini :”Ibu, ari Lasmini enya teu boga bapa ?”
“Naon ?!”
cek Padmini; saha nu nyarita ngaco kitu.
“Eta Adi
Probo !” Probo teh anak Seta Prayitna. Barang ngadenge omongan Lasmini kitu;
langsung Padmini ngadatangan Seta Prayitna :”Yayi Arya ! Cik atuh ngajar budak
teh kumaha atuh, nyarita pajarkeun Lasmini teu boga bapa !?”
Seta
Prayitna ngajawab bari kalem, da apal ka na adat nu jadi raka:”Ku naon kituh
raka embok ?”Langsung we Padmini nyaritakeun garelutna barudak; Prayitna nepi
ka gigideug; saterusna ngahukum eta barudak; dipapatahan teu meunang nyarita
kitu; saterusna Ki Probo dicepretan sabage hukuman ti na ngomongna wani lancang
saperti kitu.
Geus kitu
mah Padmini terus we balik bari hate rada sedih; lantaran ramana wales tos teu
emut naon2 deui. Tapi rek terus di Kadipaten, teu wasa lantaran ngamukna Lasmini
pasti akibatna kurang hade lila2 di Kadipaten.HANCA