jero yeuh maksud Fikmin Ki Hasan teh...saliwat mah asa biasa-biasa we, tapi ari geus dibaca deui ngaduakalikeun geuning kitu kutan. hebat lah Ki.
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Cc: Urang Sunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 4 Juli 2012 7:54 Judul: [kisunda] Fiksimini - Sempalan Nasib Fikmin #Sempalan Nasib# Sorodot! Gubrag! Jeduk! Cungcurungan titeundeut. Sirah ngajeduk neunggar ubin. Kerejet! Kerejet! Koséh! Ambekan Ki Dira ngahégak. Ngaheunjeu nepi ka hosna. "Kang Diraaa...! Na kunaon ngaringkuk di toilét...?" géréwék `Ma Karsih nu rék ka cai pasusubuh. Rawah-riwih. Hiung ngadingdiut. Nyeungceurikan nu kaserang struk. Ibur. Tatangga jul-jol ngadareugdeug. "Béjaan anak-anak `Ma Jumsih di landeuh!" ceuk hiji kolot. "Béjaan anak-anak `Ma Unah di tonggoh!" Tatangga cuh-cih milu mulasara. Méméh lohor torojol kulawarga `Ma Jumsih. Disusul ku anak-anak `Ma Unah. Réang silih tanya. "Kunaon? Iraha? Dimana? Naha?" Haliwu silih rentog. "Layon Abah rék dibawa ku kami!" ceuk anak `Ma Jumsih. "Teu bisa! Kudu kabawa ka lembur kami!" ceuk anak 'Ma Unah. "Moal dibikeun. Maot di dieu, kurebkeun di dieu!" ceuk `Ma Karsih nulak cangkéng. Ger parebut layon. Dibenyéng `Ma Karsih. Dibedol `Ma Unah. Diséréd ku `Ma Jumsih. Gulutuk layon kana kolong méja. Gorolong kana lawang panto. Nu silih benyéng moyég. Wanci nyedek ka sareupna. (Ki Hasan)
