nu kadua mah sapuk, tapi jauhkeun beda faham? maenya sih... kumaha carana?
tong tebih-tebih, urang angge hadis di handap, kalimah panungtung: " Kusabab
saestuna sakabeh perkara anu anyar dina agama nyaeta bid'ah, jeung sakaebh
bid'ah nyaeta sesat". saur abdi mah, di antara urang, dina nyurahan ieu
kalimah bakal seueur paham nu beda-beda. tiasa janten patukangtonggong
pisan.


2012/7/4 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Jauhkeun beda faham jeung fitnah, mangka tuturkeun Sunnah Nabi, sakumaha
> hadits 'Irbadh bin Sariyah ra., anjeuna nyarita :
> وَعَظَنَا مَوْعِظَةً بَلِيْغَةً ذَرِفَتْ مِنْهَا العُيُوْنُ وَوَجِلَتْ
> مِنْهَا القُلُوْبُ فَقَالَ قَائِلٌ يَا رَسُوْلُ اللهِ كَأَنَّ هَذِهِ
> مَوْعِظَةُ مُوَدِّعٍ فَمَاذَا تَعْهُدُ إِلَيْنَا فَقَالَ أُوْصِيْكُمْ
> بِتَقْوَى الله وَالسَّمْعَ وَالطَّاعَةَ وَإِنْ عَبْدًا حَبَشِيًا فَإِنَّهُ
> مَنْ يَعِشْ مِنْكُمْ بَعْدِي فَسَيَرَى اخْتِلاَفًا كَثِيْرًا فَعَلَيْكُمْ
> بِسُنَّتِي وَسُنَّةِ الخُلَفَاءِ المَهْدِيْيِنَ الرَّاشِدِيْنَ تَمَسَّكُوْا
> بِهَا وَعَضُّوا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِذِ وَإِيَاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ
> الأُمُوْرِ فَإِنَّ كُلَّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةٌ"(
> (Nabi Saw.) nganasehatan (magahan) kami ku hiji nasehat anu kacida jerona
> sahingga cai panon kami ngarambay jeung hate - hate kami ngageter. Mangka
> salah saurang ngomong, "Ya Rasulallah, saperttina ieu nasehat paturay
> tineung, mangka naon anu anjeun wasiatkeun ka kami?". Anjeunna ngadawuh
> "Kuring ngawasiatkeun ka aranjeun sangkan taraqwa ka Allah, jeung supaya
> aranjeun ngadenge jeung taat (ka pamimpin) sanajan anu jadi (pamimpin) ti
> maraneh nyaeta saurang budak ti Habsyah. Sabab saestuna sing saha anu hirup
> di antara maraneh sanggeus kuring, mangka manehna bakal nempo pasigeungan
> anu loba, mangka wajib ti maraneh pikeun nyekel pageuh ka sunnah kuring
> jeung ka sunnah para khalifah anu meunang hidayah jeung patunjuk. Nyekelan
> pageuh ti dinya jeung gegel ku huntu-huntu maraneh. Jeung ati-ati kana
> perkara anu anyar dina agama. Kusabab saestuna sakabeh perkara anu anyar
> dina agama nyaeta bid'ah, jeung sakaebh bid'ah nyaeta sesat". (HR Ahmad
> 4/126, Ad-Darimy No. 95, Abu Dauh No. 4607, At-Tirmidzi No. 2681, Ibnu
> Majah No. 42-44, Ibnu Hibban No. 5, Al Hakim 1/96-97, Ath-Thobarany 18/No.
> 617-624, 642 jeung dina Al-Ausath 1/No. 66, Al-Baiqaqy 10/114, Tammam dina
> Faw'id No. 255, 355, Abu Nu'aim dina Al Hilyah 5/220-221, 10/114-115 jeung
> dina Syu'abul Iman 6/66 jeung Al-Lalaka'iy dina Syarah Ushul I'tiqad Ahlis
> Sunnah Wal Jamaah 1/74 No. 79.)
>
>
>
-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke