Tuduhan jalma-jalma anu hewa,  anu hasad, anu iri dengki kaniaya atawa 
jalma-jalma bodo katotoloyo bin idiot yen Asy-Syaikh Muhammad bin Abdul Wahab 
ra. mawa agama anyar jeung nyimpang ti ajaran Rasulallah Shallalluhu'alaihi wa 
salam eta tuduhan anu henteu berdasar jeung henteu ngabukti. Malahan bukti anu 
aya nembongkeun yen anjeunna di luhur al-haq, jeung dakwah anu anjeunna 
sampekeun nyaeta dakwah anu haq, nyaluyukeun ajaran Rasulallah 
Shallallhu'alaihi wa sallam. Dihandap ieu kuring sampekeun aqidah anu anjeunna 
yaqini, pikeun nakis sagala tuduhan jeung miceun kacangcayaan ti jalma-jalma 
anu ragu.
Dimangsa masyarakat (penduduk) Washim nanyakeun ngenaan aqidah anjeunna, mangka 
anjeunna nyatakeun yen aqidah anu anjeunna yaqini nyaeta aqidah Al-Firqotun 
Najiyah, Ahlus Sunnah Wal Jamaah. Dina hal ieu anjeunna amalkeun jeung 
jalankeun salila hirup anjeunna. Aqidah eta mangrupa :
1). Iman ka Allah Swt, kitab-kitab-Na, rasul-rasul-Na, poe kabangkitan sanggeus 
paeh jeung iman kana taqdir anu hade jeung goreng.
2). Ngimanan ka Allah Swt. nyaeta ngimanan sifat-Na anu disebutkeun-Na dina 
kitab-Na jeung liwat lisan Rasul-Na Saw. tanpa tahrif (ngarubah) jeung tanpa 
ta'thil (nolak), tanpa takyif (nanyakeun hakekat) jeng tamtsil (nyaruakeun 
jeung maklhuk).
3). Al-Qur'an nyaeta Kalamullah anu diturunkeun Allah Sawt., bukan makhluq. 
Al-Qur'an asalna ti Allah Swt. jeung bakal balik ka anjeun-Na.
4). Ngimanan sakabeh anu dikabarkeun Nabi Saw. mangrupa hal-hal anu ngajadi 
sanggeus kapaehan, fitnah jeung nikmat kubur, dibalikkeunna ruh ka jasa dina 
poe kiamat, ayana mizan, dibagikeunna catetan amal tiap hamba, ayana talaga 
Nabi Muhammad Saw. anu caina leuwih boda ti susu, rasana leuwih amis ti madu 
jeung wadahna (bejananya) sajumlah bentang-bentang di langit, sing saha anu 
ngarinumna manehna moal ngarasa garing tikoro (haus) salilana. Kaasup oge 
ngimanan ayana shirath (jalan/jambatan) anu dijelempengkeun (dibentangkan) ti 
luhur dua gawir (tepi) naraka Jahanam anu bakal diliwatan manusa sasuai kadar 
amal maranehna. Ngimanan ayana syafaat Nabi Saw., ayana surga jeung naraka anu 
geus diciptakeun jeung kiwari geus aya. Jeung ngimanan yen kaum mukminin bakal 
nenjo Allah Sawt ku mata maranehna di poe kiamat.
5). Ngimanan yen Rasulallah Saw nyaeta Khotaman Nabiyyin (panutup para nabi 
jeung rasul).
6). Ngayakinan yen sahabat Rasulallah Saw. anu paling afdhal nyaeta Abu Bakr, 
tuluy 'Umar, Utsman tuluy 'Ali. Sanggeusna nyaeta genep sahabat anu nyesa ti 
sapuluh sahabat anu dijanjikeun asup surga (Al-'Asyrah Al-Mubasyyaruna bil 
Jannah), para sahabat anu ilu perang Badar, katut para sahabat anu ngabai'at di 
handap tangkal (Bai'atur Ridhwan).
7).  Anjeunna nuturkeun/loyal ka para sahabat Rasulallah Saw. jeung nyebut 
maranehna ku kahadean, ridha ka maranehna, manjatkeun ampunan pikeun maranehna, 
nahan diri tina nyebtukeun kasalahan maranehna, jeung repeh tina pasigeungan 
anu pernah aya diantara maranehna.
8). Sakumaha anjeuna oge ridha ka Ummahatul Mukmini (isteri-isteri Nabi) 
radhiyallu'anhunna
9). Netepkeun ayana karamah wali-wali Allah Swt.
10). Henteu nyakseni (mempersaksikan) saurang ti kaum muslimin ku kecapan 
"Fulan panduduk surga" atawa "Fulan panduduk (penghuni) naraka", kacuali anu 
geus dinyatakeun ku Rasulallah Saw. sakumaha panduduk surga atawa panduduk 
naraka.
11). Henteu ngakafirkeun sauran ti kaum muslimin kusabab dosa anu dilakokan 
jeung henteu oge ngaluarkeunna dina jero Islam.
12). Anjeunna berpandangan ngenaan Jihad nyatekeun yen Jihad tetep lumangsung 
babarengan satiap Imam/Pamimpin anu hade atawa anu fajir/dholim,
13). Meunang shalat berjamaah di tukangeun pamimpin dholim 
14). Wajib ngadenge jeung taat ka pamimpin kaum muslimin anu hade atawa dholim, 
salila maraneha henteu marentahkeun pikeun maksiat ka Allah Swt.
15). Sing saha anu nyekel khilafah, manusa ngumpul jeung ridha, atawa manehna 
ngawasaaan maranehanana ku pedang sampe jadi khalifah, mangka wajib ditaati 
jeung haram ngalakukeun pambarontakan ka manehna.
16). Anjeunna memandang wajibna ngajauhan ahlul bid'ah jeung misahkeun diri ti 
maranehna sampe maranehna taubat. Ngahukuman maranehna sacara dzahir, anapon 
batin maranehna diserahkeun ka Allah.
17). Ngayakinan yen satiap perkara anu diaya-ayakeun dina agama ieu 
mangrupakeun bid'ah.
18). Iman nyaeta ucapan ku lisan, amalan ku anggota awak (badan) jeung 
ngabenerkeun ku hate, bisa nambahan ku kataatan jeung kakurangan ku maksiat.
19). Anjeunna memandang wajibna amar ma'ruh nahi mungkar sasuai/saluyu jeung 
bimbingan Syariat (Tempo Qathul Janiyil Mustathab Syarhu 'Aqidah Al-Mujaddid 
Muhammad bin Abdul Wahab).
 
Sakitu uraian singket ieu ngenaan Aqidah anu dianut ku Syaikh Mujaddid Muhammad 
bin Abdul Wahab, anu scara jelas ngagambarkeun anjeuna saurang sunni salafi anu 
lempang di luhur jalan Rasulallah Saw., para sahabat, tabi'in, tabiit tabiin, 
yakni jalan As-Salafush Shalih. Samestina hente aya deui karaguan pikeun 
kabeneran dakwah anjeunna sanggeus ayana panjelasan ieu. Jeung mangga gegel 
jari jalma-jalma anu hewa jeung hasad ka anjeunna jeung kana dakwah TAUHID anu 
hak ieu.
 
Wallahu'alam bish-shawab.
 
Anggeus.

Kirim email ke