Nuhun Ki Abbas...
Baktos,
Zya


________________________________
 From: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
To: kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda <urangsu...@yahoogroups.com> 
Sent: Tuesday, 10 July 2012 7:25 AM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 221
 

  
Sabulan ti
harita Adipati Ranuwijaya ngantunkeun. Padmini Kacida sedihna; nepi ka gogoakan
nu ahirna kapiuhan pisan; lantaran waktu datang kadua kalina geus teu kaburu
deui nempo ingkang Rama; lantaran tos dikurebkeun. Atuh abdi dalem pada
baringung.
Sanggeus
rengse masalah eta; Arya Seta dijadikeun Adipati ngaganti ramana.
Ti harita
mah Padmini tara ka Jepara deui.
Ayeuna
Padmini leuwih ngonsentrasikeun jeung beuki soson2 ngalatih Lasmini; tapi
sakapeung kaganggu ku Lasmini nu sok nanyakeun bapa; terus we Padmini
nerangkeun yen bapa Lasmini teh hiji Pendekar nu Sakti; nu teu aya lawanna.
Lasmini mani
pogot dibarung reueus, ari ngadenge dongeng bapana teh; tapi mun manehna nanya
ka ibuna dimana eta Pendekar ayeuna? Nyi Padmini kaciri rada bingung dibarung
keuheul; nyaritana rada ngambang teu jelas; lamun didesek ku Lasmini, manehna
rada nyentak :”Yeuh Nduk; mun hayang panggih jeung bapa hidep kudu HEBAT heula;
mun henteu mah hese; lantaran bapa hidep teh rada sombong; embung ngaku mun
hidep lemah mah.”
Ti harita
Lasmini na oge  soson2 pisan ngalatih
diri; da hayang panggih jeung bapa tea. Geus ampir poho dahar poho sare; ku
keyeng2na Lasmini. Ku sabab keyeng pisan, kakara umur 15 taun ge Lasmini geus
hese neangan tandingna. Terus we ku Padmini dititah ngalalana, bari ngadedenge
sugan manggih raratan bapana nya eta Ki Nurustunjung tea. Atawa Sangga Prakosa.
Waktu
beubeurat ti na suku Lasmini dilaan; lain wae Lasmini, dalah Padmini ge kaget
pisan lantaran Lasmini bisa luncat luhur pisan. Wah cek hate Padmini; aing
inget baheula nu luncat luhur kitu teh Ki Sangga Prakosa. Wah enyaan dasar
latihan anak aing alus pisan ; cek na hatena bari bungah Kacida.
Soal lumpat
oge; ayeuna mah Lasmini ngan sakolepat pisan; mun dititah ku Padmini tuh cokot
kembang Ros nu Wungu di jajalanan; kereles indit; teu lila ngan sakolepat geus
mawa Ros Ungu tea. Padmini beuki bungah.
Nu rada hese
mah ngalatih Lasmini ngabelesatkeun senjata rasiah tea; ti mimiti umur 7 taunan
dilatihna teh; estu hese beleke; tapi ku sabab Lasmini keyeng pisan lantaran
hayang panggih jeung bapa tea; nya ahirna mah Lasmini mahir oge ngabelesatkeun
senjata rasiah teh. Ari elmu jurus, nya eta mah asli meunang nyiptakeun Padmini
sorangan, lantaran loba tea elmuna. Bedana jeung Ki Nurustunjung; ari Ki
Nurustunjung mah ngalebur elmu teh bari jeung disajalankeun jeung latihan nafas
sarta hampang ragana; nepi ka enyaan elmuna buleud pisan; ari Padmini mah
kurang salaras; tapi cukup hebat; ngajadikeun elmu nu anyar. Jadi memang di na
hal ieu “kacerdasan” Ki Nurustunjung saluhureun Nyi Padmini.
Nya ti
harita Lasmini Dewi indit ti Cilosari, pikeun neangan pangalaman; ari Nyi
Padmini ku sabab nyaah pisan ka anak; teu weleh nuturkeun bari samuni samuni;
terus ngaganti ngaran jadi Nini Anti; nu hartina aya nu ditungguan. (
pangpangna bapana Lasmini ).
HANCA

 
 
Episode 59 :
Lasmini Jadi Pendekar    
 

Kirim email ke