Para Pamirsa sadayana, dimana bae ayana
Dimangsa Rasulallah Saw. masih hirup aya dua golongan musuh Islam nyaeta jalma 
kafir jeung jalma munafiq. Dianara kadua golongan ieu, jalma-jalma munafeq 
nyaeta anu pang bahayana pikeun ummat Islam, kusabab maranehna ngaku Islam 
namung dina hakekatna ngancurkeun Islam eta sorangan. Hal ieu bakal aya 
disapanjang zaman, kitu deui di zaman kiwari ieu malahan di nagri urang.
Allah Swt. marentahkeun Nabi jeung jalma-jalma anu ariman supaya berjihad 
ngalawan jalma-jalma kafir jeung munafiq. Allah Swt. ngadawuh :Hai Nabi 
berjihadlah (ngalawan) jalma-jalma kafir jeung jalma-jalma munafeq jeung 
bersikaplah keras ka maranehna. Tempat maranehna nyaeta naraka Jahanam. Jeung 
eta teh tempat balik anu sagoreng-gorengna" (QS. At-Taubah : 73).
 
Salah sahiji musuh anu kiwari dihareupan ummat Islam nyaeta ajaran sesat anu 
dibawah ku Jaringan Laba-Laba Spiderman. Sahingga karanucan anu maranehna 
awurkeun perlu dibantah, komo deui jalma-jalma anu mawa pamikiran sesat ieu 
nyaeta tokoh-tokoh anu digelari cendekiawan muslim, kyai jeung intelektual. 
Sabenerna ungkapan jeung pernyataan maranehna pinyeurieun pikeun di tulis jeung 
disebarluaskeun, namung demi ajegna kabeneran mangka dina kasempetan ieu kuring 
bawakeun sababaraha conto kasesatan pamikiran maranehna anu pastina anu maca 
bakal mikanyaho kumaha gorengna akidah Islam Laba-laba ieu.
 
Jalma Islam Laba-laba henteu paham Tauhid.
Salah sahiji pentolan Islam Laba-laba waktu manehna masih hirup nafsirkeun Laa 
ilaaha illallah ku harti henteu aya tuhan (t leutik) iwal Tuhan (T besa). 
Padahal Rasulallah, para sahabat jeung para ulama ti jaman ka jaman ngayakinan 
yen makna Laa ilaaha illallah nyaeta henteu aya sesembahan anu bener kacuali 
Allah. Dalilna nyaeta firman Allah, "Sakitu eta teh kawasa Alloh. Anjeun-Na 
sesembahan anu haq anapon sesembahan-sesembahan anu maranehna sembah salain 
Allah nyaeta (sesembahan) anu batil" (Q.S. Al Hajj 62). 
Conto ieu sabenerna geus cukup pikeun urang mikanyaho yen ajaran Islam 
Laba-laba nyaeta sesat kusabab nyimpang tina patunjuk Rasulallah jeung para 
sahabat. Sanajan dina nyiarkeun kasesatanna maranena ngagunakeun label Islam, 
tapi saestuna Islma ngumbah leungeun tina naon anu maranehna omongkeun.
 
Terus si Rawing pentolan Islam Laba-laba kiwari ngomongkeun yen sakabeh agama 
sarua, sakabehna nuju jalan kahadean, jadi Islam lain anu pang benerna. Padahal 
al Qur'an jeung As Sunnah negeskeun yen Islam hiji-hijina agama anu bener, 
nyaeta Islam anu dibawa ku Nabi Muhammad Saw. Dawuhan Allah Swt. "Saestuna 
agama anu bener disagigireun Allah ngan Islan" (QS. Ali Imron 19). Dawuhan Nabi 
Saw. "Demi Dzat anu jiwa Muhammad aya di leungeun-Na. Henteu bakal aya saurang 
oge anu ngadenge kanabian kuring, boh yahudi atawa nasara tetus paeh dina 
kayaan henteu iman ku ajaran anu kuring bawa kacuali pasti manehna kaasup 
diantara para pangeusi naraka" (HR. muslim).
Mun Allah Swt. jeung Rasol-Na geus nyatakeun kitu, mangka maneh oge bisa 
ngajawab naha anu diomongkeun ku si Rawing ieu kabeneran atawa lain?
 
Para tokoh Islam Laba-laba nafsirkeun Islam ngan sabage sikap pasrah ka 
Pangeran. Maksud maranehna sing saha bae manehna, naon bae agamana salila 
manehna pasrah ka Pangeran mangka manehna nyaeta saurang Islam. ALLAHU AKBAR!!! 
Ieu kaasup JAHIL MUROKKAB (IDIOT KUADRAT), geus salah, ngarasa sok nyaho deui. 
Coba urang simak waleran Nabi Saw. mangsa Malaikat Jibril nanya ngenaan Islam, 
Anjeuna ngawaler, "Islam eta nyaeta maneh nyaksesni yen hente aya sesembahan 
anu hak iwal Allah jeung saenyana Muhammad nyaeta utusan Allah, maneh 
angajegkeun sholat, nunaikeun zakat, puasa di bulan ramadhan jeung 
indit/lempang haji ka baitullah mun maneh sanggup ngayakeun parjalanan ka 
dinya" (HR. Muslim). Saha anu leuwih nyaho ngenaan Islam, Nabi atawa 
jalma-jalma Islam Laba-laba?
 
Si Rawing nyatakeun yen larangan kawin beda agama, dina hal ieu antara awewe 
Islam jeung lalaki non Islam geus henteu relevan deui. Padahal Allah Swt. 
ngadawuh "Dina poe ieu Kami geus sampurnakeun pikeun maraneh agama maraneh 
jeung Kami geus cukupkeun nikmat Kami pikeun maraneh jeung Kami ridho Islam 
ngajadi agama maraneh" (QS. Al Maidah : 3). Mun Allah anu Maha Nyaho geus 
nyatakeun yen Islam geus sampurna sedengkeun si Rawing nyatakeun yen aya aturan 
Islam anu henteu relevan - henteu cocok jeung parkembangan zaman - mangka urang 
justeru nanya ka manehna : Saha anu leuwih nyaho, maneh atawa Allah ?
 
Sakitu babaraha conto kasesatan pamikiran Islam Laba-Laba. Jadi betapa idiotna 
pamikiran samacam ieu. Lamun tea mah makna tauhdi, makna Islam nyaeta sakumaha 
anu diomongkeun ku maranehna, niscaya ABU JAHAL, ABU LAHAB jeung jalma-jalma 
kafir, munafeq Quraisy anu ngamusuhan Nabi ngajadi jalma anu pang heulana asup 
Islam. Kusabab maranehna ngayakinan yen Allah teh pancipta, pangatur, anu mere 
rizki, anu ngahirupkeun jeung maehkeun, anu mampu nyalametkeun maranehna mangsa 
katimpa bencana, sahingga mangsa maranehna diombang-ambing ku ombak lautan 
maranehna ngiklaskeun do'a ngan ka Allah, masrahkeun urusan maranehna ka 
Anjeun-Na.
 
Kusabab ku kayakinan samacam ieu maranehna tetep bae nolak ajakan Nabi pikeun 
ngucapkeun kalimah "Laa ilaaha illallah". Malahan maranehna merangan 
Rasulallah, nyiksa para sahabat jeung maehan sabagean tiantara maranehna ku 
cara anu kejem jeung keji. Ieu bukti yen jalma-jalma Islam Laba-laba 
bener-bener henteu paham Al Qur'an, henteu paham As Sunnah, malahan henteu 
paham sajarah!
 
Liwat tulisan ieu, kuring ngabejaan ka sakabeh kaum muslimin sangkan ngajauhan 
buletin, majalan, siaran TV atawa radio anu digunakeun ku Ilsma Laba-Lba dina 
nyebarkeun kasesatan maranehna jeung henteu aya anu bisa ngabentengan kaum 
muslmin ti kabinasaan kacuali back to al Qur'an and Sunnah sarta pamahaman para 
salaufsh sholih. Jeung Rasulallah geus negeskeun  yen ilmu eta ngan bisa diraih 
ku cara belajar (tempo Fathul Bari). Imam al Auza'i pesen :"Wajib pikeun 
maraneh nuturkeun lengkah salaf (para sahabat) sanajan loba manusa anu 
narentang maneh. Jeung waspada ti pamikiran-pamikiran manusa sanajan maranehna 
ngadandanan ku ucapan-ucapan anu endah di hareupeun maneh".
 
Sakitu tulisan singket ieu bisa ngagubragkeun karancuan-karancuan anu 
disebarkeun ku musuh-musuh Allah jeung Rasul-Na.
 
Dikutif ti Bulletin At-Tauhid, diterbitkeun LBI al-Atsary - Yogyakarta.
 
Wallahu a'lam

Kirim email ke