Ayeuna
Lasmini geus cunduk ka hiji daerah nu ngaranna Pasir Luhur; dayeuhna gegek oge;
jeung aya warung tempat dahar nu alus pisan keur jelema nu sok leuleumpangan
jauh; di jero aya kursi jeung meja ; sigana nu bogana milu ka na kamajuan
jaman; atawa diajar ka Kumpeni kumaha cara2 muka warung pikeun mumuluk (
ayeunaa mah Restoran tea ). 

Nya Lasmini asup ka eta warung, da ngarasa geus
lila teu manggih kadaharan model di imahna. 


Lasmini
kakara ge rek pesen, geus jol we palayan mawa sangu na mangkok, terus
neundeunan pisin2 nu dieusi ku rupa2 kadaharan. 

Lasmini kaget, terus we nanya
:”Eh kuring can pesen nanaon, naha jol dibere kieu ? Kumaha ngadaharna atuh ?
kadahareun sakieu lobana ?” 


“Iko pilih
samo uni, baiko bayar nan lah abih dimakan.”cek nu boga eta warung. 


“Euh urang
sabrang geuningan ( Padang )” cek hate Lasmini, nya deker we dahar bari nyobaan
rendang, enya we pelem pisan. Lalabna daun sampeu dikulub, sambelna cabe
diminyakan teu make tarasi. Tapi enya pas jeung eta daun sampeu teh, mani
ngalimed ieu Lasmani tuangna. 


Kacaturkeun
di eta Pasir Luhur teh aya Oah2 Limaan, kapalana ngaranna Astrajingga; ari nu
opatan ngaranna si Gareng, si Cepot, si Dawala jeung si Bogel. 


Astrajingga
narima laporan ti Si Dawala yen di “rumah makan Padang Minang Maimbau” aya
wanoja ti nu jauh nyorangan, rupana geulis pisan. 


“Ah nu
bener….. ? cek Ki Astrajingga teu pati percaya. 


“Hahaha,
Kang Mas mah moal percaya; pek we saksian engke; neangan wanoja nu geulis kaya
kitu sigana ngumpulkeun sarebu awewe ge moal aya nu nendeng ka eta wanoja teh.”
Si Dawala  mani nyorocos ngomongna. 


“Enya”
nambahan si Gareng, mun teu ka ditu teh, Kang Mas Astrajingga bakal hanjakal.” 


“Yu atuh
urang arindit ayeuna.” Cek Ki Astrajingga. Nya bral we eta oah limaan teh ka
warung makan padang tea; bari tetep marawa senjatana. 

Barang rek abus ki
Astrajingga ti luar nenjo eta wanoja teh keur dahar; Ki Astrajingga olohok
mata simeuteun, lantaran asa kakara nenjo awewe sakitu geulisna; emh cek na
hatena mun uing kawin ka manehna; isukna dibentar gelap ge teu panasaran. 


Lasmini oge
apal yen aya lima lalaki diluar , sigana rek asup ka eta warung; tapi
kareret ku Lasmini, eta lalaki limaan teh areureun na lawang barang nempo
manehna. Ieu lalaki nu purunyus deui wae yeuh, cek hate Lasmini. Ah 
kalolobaanana
teu beres lalaki mah; iwal ti bapana meureun. Untung ieu lalaki purunyus
panggih jeung aing, mun nu sejen mah, karunya. Awas siah ku aing diwarah. Kitu
pikiran Lasmini Dewi sajeroning dahar, bari api2 teu nyaho ka nu daratang. 


Saterusna
Astrajingga sabaladna arasup, terus diuk di na meja kosong; bari nungguan
kadaharan datang,maranehna ting kecewis; jurungkunung Si Bogel nangtung, terus
nyampeurkeun Lasmini. 


Sanggeus aya
hareupeun meja Lasmini si Bogel ngahormat ngahaja di rengkuh2. 


“Arep nopo
Mas? ( aya pikersaeun naon Mas – disundakeun )” Cek Lasmini. 


Teu
ngadagoan dititah deui si Bogel diuk hareupeun meja Lasmini, bari sura seuri
pikasebeleun, pok nyarita:”Iki Den Ayu tiang pundi ( dupi enden ti mana, kulan
?” 


“Ti nu jauh
kuring mah, aya naon kituh ?” Cek Lasmini.HANCA
 

Kirim email ke