Ahahahaha lain urang sunda mun teu resep heureuy hehehe... Ameh awet ngora mang 
Udin kudu beuki heureuy komo ngaheureuyan ABG mah geura wkkkk.

Ngan nyiduhan mah ulah ah... Kacuali nyiduhanna make cai kadeudeuh hahahaha.  

Pan ceuk pa ustad oge puasa teh ceunah ibadah keur pribados... Keur kuring... 
Keur sorangan... Khusus keur jelema anu ariman... Puasa mah ujian keur pribadi 
ngeunaan kajujuran, kasabaran, kasyukuran, jrrd... Da bisa oge ngabohong ngaku 
puasa padahal geus nyaneut beak dua piring hahaha. Beda jeung sholat pan 
katinggali ku batur lin... Puasa mah estuning ku diri sorangan... Diajar 
ngadisiplinkeun diri, ngatur pola dahar, jrrd. Kuring resep puasa teh soalna 
pas lebaran pipi kuring anu biasana keubi/ chubby / cibi-cibi ceuk abg mah 
wkkkk jadi ideal lah awak asa harampang :D. Panyakit maaah oge ngurangan... 
Biasa na mah pan sautak saeutik maaah... maaaah wkkkk.

Geus ah ngacapruk kawas kuring jelema bener wae wkkkkk. Mamatahan ustad 
numpakan meri eeeh mamatahan ngojay ka meri.  

Tapi ulah rea beja nya Mang Udin... Lamun engke manggihan kuring siang-2 keur 
ngadahar baso mani ponyo xixixixi. 

Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
www.dkabayan.com

-----Original Message-----
From: Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Wed, 18 Jul 2012 12:13:40 
To: kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: Bls: [kisunda] Wilujeng Shaum

Sami Mang Kaby, kuring oge nyuhunkeun dihapunten osok banyol, osok heureuy, 
osok ambek, osok ngaledek, osok nyiduhan di milis ka si "a", dina kasempetan 
ieu kuring nyuhunkeun hapunten.
Tapi tos puasa beres urang silih ledek deui nyah, nyiduhan deui nyah ha..ha...
Punten ari Mang Kaby bade puasa nyah, he..he...he...bilih bisi leubeut ka 
warteg anu ditutupan tapi katingali sukuna we....horeng di lebetna nuju tuang 
siang
 
Marhaban ya ramadhan
 

________________________________
 Dari: Mang Kaby <dkaba...@gmail.com>
Kepada: Baraya_Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com>; UrangSunda 
<urangsu...@yahoogroups.com>; Kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; Kota Bogor 
<kota-bo...@yahoogroups.com> 
Dikirim: Rabu, 18 Juli 2012 7:03
Judul: [kisunda] Wilujeng Shaum
  

 
   
 
Bilih kantos aya cangcut nu kadudut, tali kutang nu kakenyang, eusi erok nu 
kakodok ka sisit sabit kana sirit, kapancah kalengkah ucap, kajenggutna bulu 
nanut nu ngabelentrang kana tarang, ngabelentrung kanu tu'ur,
nu matak getek kana kelek, nu kantos nyolok kana korong, ka puak ku bekok 
colok, hapunten samudaya kalepatan, ti lahir dugining ka bathin, "wilujeng 
tepang sasih shaum ramadhan" :D
Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
www.dkabayan.com
   
      

Kirim email ke