Ke ah macana wengi meh teu lami ngantosan sambunganana hehehe

Hatur nuhun Abah
Sent from BobokoBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Sender: urangsu...@yahoogroups.com
Date: Thu, 19 Jul 2012 11:11:43 
To: kisunda<kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda<urangsu...@yahoogroups.com>
Reply-To: urangsu...@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda 232





Mawar
Hideung ngaluarkeun sora nu Kacida sinisna ( suara hidung tea ) :” hemh ;
reungeukeun ku andika , hee Ki Barda… aya tilu hal nu nyababkeun Kula datang ka
tempat andika ! Kahiji Kula hayang tarung jeung andika, lantaran cenah andika
pangjagona di ieu kota Cirebon ! kadua Kaula rek ngajar adat ka andika ku sabab
cenah andika gede hulu ! Katiluna ayeuna katempo ku panon Kula sorangan, maneh
nyiksa pamajikan; tah Kula ayeuna rek niat mereskeun sampeyan !” 

Ki Barda
barang ngadenge omongan Mawar Hideung, teu ngengkekeun deui belesat we nyerang
ku tajongan kilat ka Mawar Hideung ! Ciaaattt ! 

DUK ! Adduhh
!  

Lain Mawar
Hideung nu ngajungkel; tapi Ki Barda! Barang manehna nyerang ku kaki saktina
tea; Mawar Hideung marengan ku gerakan nu leuwih kesit ti batan Ki Barda; atuh
dadana telek pisan kajejek ku Mawar Hideung; Mawar Hideungna mah geus melesat
deui ngajauhan. 

Saenyana mah
tajongan Ki Barda kesit jeung beurat, mun telek najan tembok imah ge bisa jebol
ku eta tajongan Ki Barda; ku Mawar Hideung ge tadi karasa beuratna sepakan Ki
Barda; tapi Mawar Hideung yakin pisan, yen kagesitanana saluhureun Ki Barda; nu
matak wani marengan nyerang; hasilna Ki Barda ngajongkeng. 

Karasa ku ki
Barda dadana sesek, tanda aya tatu di jero; manehna gancang ngagurinjal terus
nyorowok bari nahan kanyeri:”Eh Mawar Hideung tong kabur siah; aing rek mawa
senjata!” 

Mawar
Hideung:”Jig ! ditungguan ku aing ! Mawar Hideung moal mundur ku jago kacangan 
pantar
andika, Barda” 

Teu lila Ki
Barda kaluar deui; leungeunna geus nyekel hiji senjata nu ngagurilap
pikagimireun ! Trisula !  

PARANDENE
kitu, Mawar Hideung lain sieun malah seuri :”Hahahaa, sok siah maju, sugan we
atuh eta TRisula bisa diandelkeun !” 

Ki Barda
geus teu loba omong deui terus we ngamaenkeeun jurus Trisula nyerang ka Mawar
Hideung. 

KI Barda
arang langka ngaluarkeun eta senjata , da cukup ku elmu sukuna oge geus bisa
nalukkeun jago2 sa Cirebon; nu matak manehna gede hulu; eta jurus Trisula nu
dimaenkeun ku Ki Barda enya hebat oge; ngan kaciri sinarna wungkul ku cepet2na
ngamaenkeun eta jurus; tapi sanggeus welasan jurus, Mawar Hideung teu wae
kabeunangan, boro2 kulit Mawar Hideung, najan bajuna ge teu kagores sakali kali
acan ! 

Enyaan Mawar
Hideung teh kakesitanana saluhureun Ki Barda; tapi Mawar Hideung ge teu wani
gagabah nyerang ka Ki Barda nu muter2keun Trisulana rekep pisan. Ahirna Mawar
Hideung luncat rada ngajauhan. 

Ki Barda seuri
ngagakgak ! marukanana Mawar Hideung gimir ku senjatana; teu kanyahoan seeer
seer ! sabaraha kali ! Aduuh ! aduh ! Trisula Ki Barda ngacleng; manehna ge
tigolepak, mani morongkol. 

Luncatna
Mawar Hideung katukang, lain rek lumpat, tapi rek ngarawu babatuan; terus we
dibelesatkeun sababaraha kali ka badan Ki Barda; atuh Ki Barda ripuh, lantaran
Mawar Hideung ngaluarkeun Elmu nu can pernah digunakeun ka saha oge salila
Mawar Hideung kaluar ngalalana neangan pangalaman. Tah nya ayeuna digunakeunana
ka Ki Barda ! 

Atuh Ki
Barda Kacida ripuhna; mangkaning elmu eta teh langka aya di dunya Persilatan
Tanah Jawa mah; nya teu mangga pulia Ki Barda sababaraha kali kakeunaan ku
baledogan batu laleutik, tapi make elmu maledogkeun senjata rahasia nu hebat
pisan. 

Ki Barda teu
hudang deui, ngan humaregung we, bari napasna empas empes. 

Keur kitu
teh Jeduk ! wae dijejek iga burungna ku Mawar Hideung ! Auuuuh ! 

“Eh sia
Barda tong babaung siah ! Ayeunaa bakal diparagatkeun sia ku aing !” 

Ti na
sombong, ayeuna mah Ki Barda timbul rasa sieun; sieun pisan ku ieu Si Mawar
Hideung. Terus we ceurik ampun2an kawas budak leutik teh lain bobohongan; tuda
badan lungse, awak asa pasiksak; tanaga geus suda; di ditu Mawar Hideung kaciri
masih napsu; nya Ki Barda euweuh cara lain salian ti taluk ka Mawar Hideung. 

“Hahahaha ! Barda
… Barda .. teu boga kaera siah ! ampun2an !  

Lamun
sampeyan ngabegal batur atawa ngarampok, nepi ka maehan pisan; mungkin oge ku
Kaula , sampeyan di hampura ! Tapi sampeyan geus ngahina awewe ! malah
pamajikan sorangan pisan ! Moal ! sampeyan moal dihampura ku Kaula sampeyan
bakal diperenan !” 

 Keur kitu torojol awewe tengah tuwuh; ceurik
jejeritan bari ngarangkulan Ki Barda; aduuuh nu geulis, nu gagah Mawar Hideung
hampura ieu salaki kuring; enya ge galak tapi saenyana manehna aya oge
bageurna; kuring pamajikan nu kahiji; menta pangampura keur ieu Ki Barda ,   
hiiiing   
hiiing. 

Sajongjongan
mah Mawar Hideung ngahuleng, ku teu nyangka, aya oge nu bela ka Ki Barda. 

Terus we
Mawar hideung ngajambak buuk Ki Barda , pok nyentak :”Eh Barda ! Kadenge tah
pamajikan maneh geus bebela ka andika !?” 

“Ampuu  uuun Mawar Hideung; enya eta pamajikan uing
nu pang satiana. Duuh Mawar Hideung uing enyaan bakal insap ayeuna mah, moal
adigung adiguna…..” 

“Eh Barda !
enyaan maneh taluk ka Kaula !?” Nyentak deui Mawar Hideung. 

“Enya aaa ;
moal, moal rek baha, naon wae parentah sampeyan bakal diturut ku kaula.”
Ngomongna Ki Barda bari humarurung, da saluar awakna karasa nyeri. 

“Lamun ku
Kula harta maneh dipenta, bakal dibikeun !?” 

“Sagala
harta oge pek wae cokot ayeuna ku Kaula bakal dihibahkeun ka sampeyan, asal
nyawa kuring we dibere ampun !” cek Ki Barda bari asa aya harepan. 

“Gancang
atuh bawa kadieu harta maneh, awas mun aya nu disumputkeun !” 

Kuniang Ki
Barda hudang, bari karasa awakna beurat pisan jeung nyareri; tapi dipaksakeun
we, digendeng ku pamajikanana; pamajikan nu sejen ge daratang ngarumpul bari
sarepa; tapi teu pipilueun. 

Sanggeus
sawatara lilana, ki Barda kaluar bari mawa peti ukiran Jepara; barang bray
dibuka eusina perhiasan nu aralus pisan; jeung duit emas mani ngaratus. 

“Barda !
Ngaku siah ! meunang ti mana ieu harta sakieu lobana hah !?” 

“Ampuun …
ampuun Mawar Hideung; Kula sabage Pendekar didieu nya sering nampa bagean nu
lumayan oge ti para oah didieu. Sakapeung kuring dititah nelasan hiji jelema
bari buruhna gede. Tah dikumpulkeun jadi kakayaan kieu.” 

Bari
ngadegdeg Ki Barda nerangkeun, da sieun salah ngomong. 

Mawar
Hideung geus nyentak deui :”Eh Barda ! lamun ku Kula ayeuna kabehanana dicokot
rek kumaha sampeyan !?” 

“Ah asal teu
disiksa deui ge Kula mah geus sukur; soal harta mah pek wae kuma sampeyan!” 

“Tah ayeuna
Kula boga kaputusan, serahkeun sakabeh pamajikan maneh ayeuna keneh ! bere
waragad nu nyukupan Kula nu ngabagina !” 

Pamajikan nu
kahiji ceurik balilihan, menta supaya manehna ulah diserahkeun; da manehna
saenyana nyaah ka Ki Barda teh. 

Mawar
Hideung ahirna ngabulkeun kahayang pamajikan nu pangheulana dikawin ku Ki
Barda. 

Pamajikan nu
sejenna dibagi ku Mawar Hideung perhiasan nu loba; terus dibagi oge duit Emas
Gulden. Terus disina arindit ti dinya harita keneh; atuh maranehna mani
aratoheun pisan; langsung we ngarencis da rek mulang ka kolotna  bari mawa 
dunya brana. 

Sesana masih
loba keneh; dipasrahkeun we Ku Mawar Hideung ka pamaajikan Barda keur bekel 
hirupna.
Terus we Mawar Hideung ngarawu sarawuna; eta sabangsa Mutiara jeung nu sejenna
deui. 

“Tah Kula
mah nyokot sakieu we jeung duit emas 20 kepeng; maneh ihlas !?” 

Cek Mawar
Hideung bari molotot. 

“Ihlas pisan
Pendekar Mawar Hideung. Malah kuring duaan nganuhunkeun pisan, lantaran
sampeyan masih mere sesana nu masih loba keur kuring.” Ceuk Ki Barda jeung
pamajikanana bareng. 

“Seug ari
kitu mah.” Cek Mawar Hideung bari ngajorelat; ngan sakiceup geus teu kaciri
deui. Ki Barda ngan ukur gogodeg we; da nyata Mawar Hideung hebat pisan elmuna;
manehna asa kakara ngimpi; tapi karasa awak asa pasiksak; saenyana mah masih
keuheul ka Mawar Hideung, tapi manehna ngarti yen moal bisa males, masing nepi
ka iraha oge. Nya manehna pasrah we ahirna mah.HANCA
 

   


Kirim email ke