Bah, hebat eta awewe mawar Hideung.
Mawar mun nyokot sunda kembang ros tea meureun nyah, apan aya cucukan, 
katembongna pireuseupeun, tapi kudu ati-ati
Lajeungkeun Bah.........
 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Kepada: kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda 
<urangsu...@yahoogroups.com> 
Dikirim: Rabu, 25 Juli 2012 14:04
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 234
  
 
   
 


Atuh beuki
kuat we ieu kumpulan garong Siluman Laut Kaler teh. 


Euweuh hiji sudagar nu
ngaliwat ka dinya salamet, mun teu mere “upeti” mah tangtu dibinasana. 


Para
Sudagar nu sok wani ngaliwat ka dinya mah, lolobana geus boga hubungan nu raket
jeung ieu kumpulan ; pasti perjalananana tara diganggu; ngan tiap waktu nu geus
ditangtukeun kudu sowan bari mere “upeti” tea.  

Tah waktu
harita Mawar Hideung kabeneran keur nuju ka daerah eta, sanggeusna ngubek ti
Cirebon ka Purwakarta; terus we hayang balik heula ka imahna bari hayang
laporan lalampahanana ka ibuna nya eta  Nyi Padmini.  

Ngaran Mawar
Hideung memang geus sumebar; loba nu miris, tapi ari ka daerah kaler Jawa
Tengah mah, ngaran Mawar Hideung teh can kasohor ; paling ge hawar2; parandene
kitu can tangtu kumpulan Siluman Laut Kaler sieuneun ka Mawar Hideung. 

Harita Mawar
Hideung keur leumpang biasa we, di jalan nu rada talahar, bari nempo ka kaler
nempo pamandangan laut nu endah; teu kanyahoan aya belasan begal megatan
lampahna Mawar Hideung. 

“Hahahaha !
Eureun heula nyi ! rek ka mendi sosorangan leumpang di ieu jalan nu talahar
kieu !?” 

Mawar
Hideung, nu ayeuna mah geus jadi Pendekar wanita, langsung males ngabentak :”EH
mun hayang salamet tong ngahalangan jalan ! Minggir arilaing !” 

“Hahahaha !
Rupana ieu awewe teh pendekar ! hahaha ! Paingan wani ngalanto ka ieu jalan !
hahahha ! nu kudu ngomong hayang salamet mah kula sarerea lain nyai ! Eh
Pendekar! Ti batan leumpang teu puguh, maning nyimpang heula; urang sukan sukan
! hahahahahaaha !” begal saleuseurian. 

Tapi can ge
tuntas seuseurianana … jol2 gusrak ! guprak! Aduh ! prok ! begal2 nu welasan
ting talambru; nu rek mesat gobang tipecleng, terus paeh harita keneh. 

Ahirna eta
belasan begal tinggal tiluan deui, becir we ngabalecir.
Hanca
      
         

Kirim email ke