keur ngaderes ge ari aya CERSIL mah eureuh heula..:)


________________________________
 Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Kepada: kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda 
<urangsu...@yahoogroups.com> 
Dikirim: 
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 239
 

  


Teu karasa
manehna nyorowok :”Bapa … ieu kuring anak bapa … sok kaluar ..!”

“Hihihihi …
kadenge sora awewe ngajauhan tempat eta.

Wah geuning
awewe … lain bapa atuh ari kitu mah … saha nya !? pipikiran Mawar Hideung rada
bingung; tapi percaya yen eta awewe pasti Pendekar Sakti nu ngabantu manehna. 


Nya ahirna ngadahar pel nu aya di na bungkusan tea; sesana diasupkeun ka na
sakuna.

Terus we
Mawar Hideung neruskeun perjalanan, enya we karasa sesekna leungit.

Sanggeus
mulan malen, akhirna Mawar Hideung tepi deui we ka Losari; manehna laporan ka
Nyi Padmini lalampahanana; 


Nyi Padmini kaciri bungah pisan ngadenge lalampahan
Mawar Hideung di dunya Kapendekaran; manehna sering cek cekan tanda pogot
nanggap Lasmini ngadongeng.

Palebah kaanehan
aya nu nulungan manehna, Padmini ngan ukur mesem we; teu komentar naon2. Terus
Mawar Hideung oge ngaluarkeun unek2 perkara bapana, naha sakitu geus tarung
sababaraha puluh kali; geus nembongkeun kabisana naha bapana bet teu nemonan
wae ? Kunaon nya ibu ?

Saenyana mah
Padmini rada keuheul ka Sangga Prakosa eta ku nurustunjung pisan kalakuanana,
baheula teu parok ayeuna teu parok oge. 


Tapi ari ka Lasmini Dewi mah
nyebutkeunana :”Bapa hidep teh hiji Pendekar Sakti, meureun bapa hidep teh
hayang nempo hidep enyaan geus buleud ngawasa Elmu nu ayeuna dicekel ku hidep;
jadi moal waka nembongan samemeh hidep enyaan jadi pendekar wanita nu pang
nyongcolangna. Atawa bapa hidep ayeuna keur nyiptakeun hiji elmu nu sakti, nu
teu bisa ditandingan ku sing saha wae.”

Lasmini Dewi
ngan ukur ngahuleng we teu loba tatanya deui. Tekadna hayang nomer hiji beuki
kuat.

Sanggeus
saminggu aya di Losari , Lasmini ngarasa kesel lantaran ayeuna mah geus ngarasa
“enjoy” pisan jadi Pendekar teh. Nya terus we menta idin rek neruskeun deui
lampahna neangan Sangga Prakosa tea. Ku Padmini diidinan.

HANCA
  
 

Kirim email ke