Untungna eta lembur Watu Gung teh, rada gegek oge; jadi aya nu nyewakeun kamer di imahna; eta nu opatan nu nandu teh disina maturan nginep; isuk meunang balik; bari mawa duit rea. Bayaranana tea. Isukna Lasmini neangan nu nyewakeun sado; enya we aya; bade kamana ? cenah. Ka Cirebon. Mani ngagebeg eta tukang Sado teh, ah moal bisa atuh Nyi, ka Cirebon mah jauh teuing; paling ge ieu mah ngan ukur nepi ka Pasir Jahe. Ke ti Pasir Jahe disambung deui, aya nu sok nyewakeun Delman. Nya Lasmini teh nuju we ka Pasir Jahe; di dinya ge nganjrek sapeuting. Di Pasir Jahe teh aya oah2, ngarana Si Jagur, manehna boga pamajikan opat; tapi teu weleh hejo panonna , mun nempo nu geulis. Tah waktu Lasmini ka Pasir Jahe, Si Jagur aya nu ngabejaan cenah aya nu geulis urang lembur, rek nuju ka Cirebon. “Saha ngaranna, jeung ti mana ? kade ti Bantul, kudu ati2.” Cek si Jagur ka nu laporan. Rupana si Jagur ge geus ngadenge Pendekar Mawar Hideung; manehna teu wani sologoto; lantaran manehna apal yen si Mawar Hideung teh hiji awewe nu Kacida geulisna; jadi mun aya nu lalampahan nyorangan kitu kudu ati2. Ahirna manehna meunang info, yen cenah eta awewe teh inditna ti lembur make tandu, terus naek sado; euh ari kitu mah tangtu lain Mawar Hideung, cek pikiran si Jagur. Wah lebar eta awewe geulis diantep mah. Terus wae Si Jagur ngutus jelema genepan pikeun ngalamar Lasmini, nu rek ka Cirebon. Atuh tangtu we ditolak ku Lasmini; tapi Lasmini teu hayangeun tarung jeung eta sakabeh lalaki, cek pikirna ka ngotoran2 wungkul. Eta nu genepan ngabejaan yen diperjalanan loba begal; jadi Lasmini maning ulah neruskeun perjalanan. Isukna barang rek indit, euweuh tukang Delman atawa Dokar, nu daekeun mawa Lasmini ka lembur nu bakal didatangan, nya eta Kampung Batu Ireng; lantaran jalanna werit cenah; padahal rek dibayar dua kali lipet, keukeuh narolak. Parandene kitu, Lasmini teu mundur, terus manehna indit rek maksakeun leumpang we cenah, bari terus nikreuh nuju kaluar ti Pasir Jahe. Aya hiji kusir nu karunyaeun terus ngabejaan :”Nyi mun nyai geus kaluar ti ieu lembur; aya tukang kareta nu imahna nenggang ti batur; tah eta mah sigana daekeun. Hanca
