"Pa Saur, Pa hudang geura saur" ceu Icih ngahudangkeun salakina Mang Komar. 
Korejat Mang Komar hudang, gusak gisik terus heuay calangap meni gede pisan 
"Aaaaaaakhhh!!!" Koteap nyokot kaos oblong anu ngagantel dina kastop, terus 
ngiclik muru kamar mandi rek sibeungeut. Geus kitu muru meja makan anu geus 
nembrak sagala kadaharan pikeun saur. Srog leungeun Mang Komar kana kobokan 
kucrat kecret kokobok laju kop kana boboko wadah kejo, seduk nyeduk kejo dua 
centong gede kana piringna, geus kitu kop kana goreng hayam, sambel, lalaban 
jeung angeun kacang herang. "Bismillahirrahmanirrahim" keucapna meni paseh 
pisan laju bleum kejo sagede peureup dihuapkeun kana sungut disusul ku goreng 
hayam, terus angeun kacang herang anu diwadahan ringkok bari ditaburkeun kana 
piringna anu muncung pinuh. Sungut cuprak caprek ngadahar sagala anu nembrak di 
meja, teu lila "Eeuuuu" sada teurab. Ngadenge sada teurab, ceu Icih ngelingan 
salakina "Pa atuh anca-anca daharna, siga nu
 diudag-udag jurig bae, pamali!". Ditembal ku Mang Komar "Aduh Icih, tara 
tisasari ayeuna dahar karasa mirasa, pangaruh puasa meureun nya?" terus 
ditembalana ku ceu Icih "Alah puasa karak sapoe oge, eta mah lain pangaruh 
puasa, eta mah geus dasarna gembul!".

Kirim email ke