Geus teu aneh mun nenjo laku lampah anu umum ti ummat Islam di urang dina 
ngahareupan akhir bulan Ramadhan. Sararibuk, deur kaditu deur kadieu balawiri 
teu lalaki teu awewe, teu budak teu kolot. Di mal pinuh heurin ku tangtung, 
pajubel mareuli barang boh pakean atawa kadaharan  pikeun labaran. Di unggal 
dapur kaum ibu-ibu ngagaletruk nyarieun kueh, rupa-rupaning kueh. 
Di  unggal stasiun kareta api ngajubel jalma ngantai antri meuli tiket pikeun 
balik kalemburna, sumawona di terminal beus jalma heurin ku usik, silih dorong 
parebut korsi ameh bisa diuk.  Hebat bin hebring urusan ngabelaan antri meuli 
tiket ti subuh meletuk sampe teungah poe ereng-erengan, najan padesek-desek 
silih dorong campur bau kesang teu paduli anu penting kabeli tiket kareta api. 
Teu nolih kana kawajiban, shalat ditinggalkeun, puasa sumawonna nyelepus udud 
isuk keneh bari awak ngajengjehe nyarande kana tihang stasiun ngabelaan ceunah 
ameh bisa  "lebaran"di kampung.
 
Dimangsa jalma-jalm asaribuk ngudag urusan dunya di akhir bulan Ramadhan, 
dimangsa eta Allah nyadiakeun hiji peuting anu istimewa di akhir bulan Ramadhan 
nyaeta peuting Lailatul Qadar. Naon ari Lailatur Qadar teh? Lailatul Qadar 
nyaeta hiji peuting anu pinuh ku kautamaan jeung barokah. Sakumaha Allah geus 
ngajeulaskeun dina surat al Qadr :  :
وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ 
لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِّنْ أَلْفِ شَهْرٍ 
تَنَزَّلُ الْمَلَائِكَةُ وَالرُّوحُ فِيهَا بِإِذْنِ رَبِّهِم مِّن كُلِّ أَمْرٍ 
سَلَامٌ هِيَ حَتَّىٰ مَطْلَعِ الْفَجْرِ 
"Dan tahukah kamu apa malam lailatul qadar itu?. Yaitu suatu malam yang lebih 
baik dari seribu bulan. Pada malam itu turunlah para malaikat dan ruh (malaikat 
Jibril) dengan izin Rabbnya untuk mengatur segala urusan. Malam itu penuh 
dengan kesejahteraan sampai terbit fajar." (Al-Qadr: 2-5)
 
Tah, naha urang arek sibuk ku urusan dunya atawa sibuk kuurusan ibadah di akhir 
Ramadhan? Ngudag urusan dunya samodel antri tiket di stasiun melaan hudang 
janari meletuk sampe ka teungah poe poho shalat, teu poho dahar beurang di 
bulan ramadhan, oge poho cape, sumawonna kana peuting Lailatur Qadar. Naha 
maranehna oge poho kan modar kitu? 
 
Baralik (mudik) ka lembur rek lebaran, bari hanteu shalat jeung puasa, naha 
pantes jalma model kitu ilu lebaran? Apan Allah ngageuingkeun jalma anu ariman 
sangkan puasa ameh ningkat kataqwaannana. Jadi anu pantes ngarayakeun lebaran 
nyaeta "Hei jalma-jalma anu ariman diwajibkeun pikeun maraneh paruasa sakumaha 
geus diwajibkeun ka jalma-jalma ti heula saencan maraneh sangkan maraneh 
taraqwa" (QS. Al Baqarah : 183).

Kirim email ke