Ki Sanca
Manuk maphum ayeuna mah, yen Ki Rangga lain Pendekar kacangan oge; gancang
manehna marentah anak buahna nyarabut bedogna. 


Kumaha ari
Ki Rangga; ngan sakilat manehna naek ka luhur karetana terus nyokot pecut.
Rupana ieu pecut teh senjata manehna. 


Terus we Ki
Rangga ngamuk. Enya we ulin pecutna alus pisan. Geus dua gobang nu tipecleng
ku ieu Ki Rangga; aya deui nu kateunggeul ku pecut nepi ka kokosehan , sabab
karasa nyeri. Si Sanca Manuk ge ayeuna milu maju ngoroyok ka Ki Rangga bari
ngulinkeun bedogna. 


Enya ge Ki
Rangga kaasup luhur oge elmuna; tapi dikoroyok kitu mah, rada ripuh oge. Nu
tararung ayeuna geus teu nempo deui ka sakuriling, kabeh konsentrasi kana
tarung nu keur dilakukeun. 


Keur rame2
nu tararung… siuut2X aya senjata duka ti mana ngabelesat; bles2 keuna ka anak
buah sanca manuk. Jerit2 duaan nu kareuna terus teu hudang deui. 


Nu tararung
areureun. Si Saanca Manuk rungah ringeuh, terus nempo duaan anak buahna geus
katancep ku hiji senjata nu leutik, tapi nyecep ka na tikorona pisan. 


Barang nempo
kitu, Kacida reuwas jeung sieunna ieu si Sanca manuk, terus nyorowok bari
manehna lumpat miheulaan:”Ma .. Mawar Hideung! Mundur !” 


Atuh teu
kudu dikomando ngaduakalian anak buah sanca manuk langsung naraek kuda
ninggalkeun eta tempat, bari kaciri beungeutna sarieun pisan; geus teu tolih
ka babaturan nu carilaka mah. 


Ki Rangga
laju muka panto kareta kasampak katenjo Lasmini keur mojok we siga nu sieun. 


“Wah tong
salempang nyai, urang katulungan.” Cek Ki Rangga. 


“Kumaha eta
para penjahat teh ? bisa diusir ku sampeyan ?” 


“Wah, lain ku
kuring tapi ku hiji Pendekar hebat; sigana eta pendekar ngaliwat kadieu; terus
nulungan nyai.” 


“Naha
nulungan kuring, wawuh ge henteu kuring mah.” 


“Eta
Pendekar ngaranna Mawar Hideung,Pendekar wanoja. 

Tangtu nulungan nyai, lantaran
nyai oge wanoja. Eta pendekar Wanoja teh sok bebela ka papada awewe.”
 

Geus kitu
mah Ki Rangga nutupkeun deui panto kareta; terus we ngajalankeun kudana
gagancangan nuju Cirebon. 

Sanggeus dua
poe dua peuting, nepi we ka Cirebon; langsung ku Ki Rangga dibawa ka
Panginepan. Sanggeus beres, Ki Rangga pamitan rek balik deui ka Pasir Jahe; nya
Lasmini nganuhunkeun pisan lantaran Ki Rangga enyaan tanggung jawab pisan.
Terus bayaranana rek ditambahan ku Lasmini. 

Ki Rangga
ngan ukur merong we ka Lasmini, semu nu kurang sugema. Barang ditanyakeun ku
Lasmini, naha Ki Rangga merong saperti kitu. 


“Nyai teu
ngarti, keun we teu naon2. Ngan Kuring pantang menta tambahan buruh, ti na nu
geus dijangjikeun mimiti. Atuh aya bancang pakewuh , memang eta mah geus resiko
kuring. Salila di perjalanaan , eta kabeh tanggung jawab kuring. Pokona kuring
kudu mawa nyai ka tujuan kalawan salamet; nyawa tarohanana. Eta memang tugas ka
nu sok nganteurkeun. 


Nya Lasmini
ge teu maksa deui; terus wae Ki Rangga balik deui. Ari Lasmini na hatena boga
rasa ngahargaan, ka eta Ki Rangga, nu boga rasa tanggung jawab sabage lalaki
sajati. Di perjalanan oge ieu ki Rangga can ngajaran aya tanda2 cunihin. 

Estu
lalaki sajati teh sabenerna. 
Jadi ayeuna mah Lasmini manggihan oge hiji lalaki
nu jauh ti na cunihin atawa kurang ajar. Bisa ngahargaan ka awewe. 

  Ayeuna
mah Mawar Hideung henteu mandang yen lalaki kabeh jarahat, ayeuna pandanganana
ka lalaki teu goreng2 teuing saperti barang mimiti asup ka dunya kapendekaran;
ayeuna mah teu dikumkeun kitu bae; sabab Lasmini geus manggihan oge lalaki nu
bener2 bisa ngahargaan ka sasamana. nya eta Ki Rangga.
HANCA
 

Kirim email ke