Ti harita
Lasmini boga niat hayang ngaronjatkeun harkat darajat awewe, manehna mikir mun
awewe dibere elmu kanuragan, tangtu kuat jasmani jeung rohanina; moal gampang
dihina ku lalaki. 


Nya ti
harita Lasmini hayang ngabagi elmuna ka awewe; utamana awewe nu masih rumaja;
nya cita2 eta geus aya di na jero sanubarina; na hiji waktu hayang ngadegkeun
hiji paguron silat keur awewe wungkul. ( di na hal ieu Nyi Epon sajalan jeung
pikiran Lasmini, masing dadasarna rada beda ). 


Ti harita
Lasmini indit2anana jauh ka sakiduleun Cirebon, nya eta Pasundan. 


Tapi Lasmini
teu pati loba kiprahna, lantaran langka nembongan sabage Mawar Hideung; sering
keneh make awewe biasa nya eta Lasmini. Manehna oge sering bulak balik ka
lembur nu aya Nini Antina; Nini Anti nu jadi indung kukutna kacidaa ngarojongna
ka na niat  Lasmini, bari tetep teu
kanyahoan sajatina. 


Episode 62 :
Mawar Hideung lawan Setan Alas Kobar 

   

Ku sabab
Setan Alas kobar teh ngabalad jeung Siluman Laut Kaler, manehna Kacida ambekna,
ku caremna kumpulan Siluman Laut Kaler; manehna boga rasa hayang tarung
patutunggalan ngalawan Mawar Hideung, ku dua ku tilu alesan : 

1.    
Hayang
males pati ku caremna Siluman Laut Kaler. 

2.    
Hayang
nembongkeun yen tetep pangjagona jeung nu dipikasieun sa pulo Jawa , ngan ukur
manehna, si Setan Alas Kobar 

3.    
Oge
hayang nembongkeun yen keukeuh lalaki leuwih hebat ti batan awewe. 


Ku sabab
kitu Si Setan Alas kobar, salian ti tetep ngajalankeun usahana jadi Begal pang
hebatna, oge ngirimkeun para utusan pikeun nyilidik di mana ayana Mawar Hideung
; sabab ayeuna reputasi manehna rada turun ku ayana Pendekar anyar Mawar
Hideung teh; jadi mun rek ngaalusan reputasi, sakaligus jadi Jago nomer hiji di
kalangan kapendekaran, euweuh deui carana ; nya kudu ngelehkeun heula Mawar
Hideung di na tarung nu adil. Hiji2 ulah koroyokan.
Hanca
 

Kirim email ke