sok lah bah Aa..edisi lengkapna ditungguan

________________________________
 Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Kepada: kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda 
<urangsu...@yahoogroups.com> 
Dikirim: Selasa, 14 Agustus 2012 12:06
Judul: [kisunda] Cersil Sunda  iklan
 

  
Setan Alas
Kobar nyata kesit pisan, jeung panonna awas; sanajan keur nyerang, tapi kuda2na
keur ngabela diri geus disiapkeun, bari sakalian males nyerang.
Ciaat !
Haaat ! Heup ! Gerakaan salto nu kacida kesitna ti Mawar Hideung, bari jeung
bales nyerang; ngan ukur sagilek geus dicingcetkeun; terus manehna nonjok iga
Mawar Hideung nu kaciri kosong. Tapi ngan sakilat Mawar Hideung ngarobah
gerakanana ku najong eta tonjokaan. Terus we luncat rada ngajauhan.
Ku
sagebragan eta, duanana pada maphum, yen musuh nu disanghareupan waktu ieu,
memang bener2 ahli kanuragan nu jadug pisan. Duanana silih hargaan na hatena
masing2; tapi duanana oge beuki sumanget hayang nalukkeun lawanna.
“Hahahahha !
Si Setan Alas Kobar seuri ngagakgak, teu neruskeun seranganana.
  “Nyata
kahebatan Mawar Hideung, lain dongeng, kakara ayeunaa kula percaya! Kula teu
salah milih lawan ka sampeyan; enya ge ngora keneh. Hahaha, masih loba waktu
pikeun Kula senang2 jeung sampeyan, Mawar Hideung !”
“Hahahaha !
Ngaran sampeyan ge geus lila kadenge ku Kaula jadi jago silat nomer Hiji di
Pulo Jawa, Setan Alas Kobar! Nya Kula oge nyaksian memang pantes sampeyan
dijagokeun !”
“Hahahaha …
enya bener ! Tapi Kaula can jadi ngarasa nomer hiji, mun can bisa ngelehkeun
sampeyan, Mawar Hideung !”
“Hahahaha !
Alus ! hayu atuh ayeuna urang teruskeun ieu tarung teh.” Cek Mawar Hideung.
Ayeuna Mawar
Hideung nu melesat nyerang ka Setan Alas Kobar; tapi oge saperti setan Alas
Kobar Mawar Hideung ge teu yakin seranganana bisa asup, najan kesit ge;
lantaran kakesitan Si setan Alas Kobaar teu sahandapeun Mawar Hideung. Bisa
disebutkeun satanding papak pisan.     
 

Kirim email ke