Fikmin #Jakat Bapa Ageung#

"Kung! Kuung! Kuuung!" Bendé kabuyutan ngungkung ti paséban. "Hééé, para
duafa, para pakir, para kaum miskin!" léngsér muka biantara "Geura karumpul
di Bumi Ageung! Bapa Ageung seja babagi jakat pakeun bekel lebaran!" ki
léngsér mungkas cacarita. Bereyek nu ti kalérna. Burudul nu ti kidulna.
Ngeungkeuy nu ti kulon. Ngabandaleut nu ti wétan. "Rekééé! Gerééét!" panto
beusi bumi Bapa Ageung muka lalaunan. Lawang korina méléngé. Bereyek
pasesedek. Nu bedas sésélékét. Silihséréd. Nu tokroh-tokroh kaidek.
Kaleyek. Ngusek. "Aduuuh! Ieueueung...!" Si Nini ngocéak. "Aduuuh! Niniii!"
Si Nyai ngajerit. Patingkocéak. Patingjalerit. Hansip paciweuh. Patulayah
nu paringsan. Ambulan ngahéang. Rumah Sakit pinuh ku pasén Bapa Ageung.

Kirim email ke