Ku sabab sakitu, manehna terus giat ngalatih diri di na ningkatkeun kanuraganana. Manehnaa apal, yen Mawar Hideung kahebatanana nya eta di na ELMU hampang ragana. Sigana waktu eta, moal aya nu bisa nandingan kahebatan Mawar Hideung; terus di na perkara maledogkeun senjata rasiah; nya eta peso terbang tea; di jaman eta mo aya nu nendengan ka na kahebatan Mawar Hideung. Ku sabab sakitu, Setan Alas kobar, salian ti ningkatkeun jurus2 kanuraganana, oge naekeun tingkat tanaga jerona; bari ngalatih ceulina supaya ngadenge hiliwirna angin; ngabedakeun rasa, mana angin mana serangan senjata nu teu kaciri. Salian ti eta manehna oge ngahaja ngalatih diri, di na elmu kawedukan; teu teurak ku senjata kitu2 bae mah; ari lain ku senjata PUSAKA mah. Jadi salila dalapan taunan, manehna teu waka hayang nangtang Mawar Hideung, bisi gagal, manehna hayang tarung bari meunang. Jadi nyilidik Mawar Hideung, lain ngan ukur hayang tarung, tapi nyaho dimana mana na; ke mun memang geus siap kakara bakal ditangtang. Kitu pikiran Si Setan Alas Kobar waktu harita. Si Setan Alas Kobar, rada beda dibanding begal2 sejenna; lantaran manehna mah, enya ge perlu ka na harta, tapi teu pati dipentingkeun pisan. Nu pang pentingna keur manehanana, nya eta hayang jadi Jago nomer HIJI di persilatan. Manehna oge kungsi ngadenge yen aya hiji Jago nu mumpuni, nya eta Ki Nurtustunjung, di mana guruna oge cenah pernah tarung, tapi kasoran, ngalatih diri; tapi ku sabab rusuh hayang males; akhirna salah latihan, ku sabab maksakeun teuing, nya guruna binasa. Ku sabab kitu, Si Setan Alas Kobar ati2 pisan, di na ngalatih dirina; sabab sieun saperti guruna, salah jalan. Di na hirupna Si Setan alas kobar, ngajaga teu ngumbar sagala kahayang, malah kajajakaanana dijaga pisan. Nu matak tanaga jerona arang nu bisa nandingan Si Setan Alas Kobar; di na soal kakesitan, ku sabab memang tanaga jerona mumpuni; si Setan Alas Kobar oge kesit, ngaleuwihan rata2 pendekar. HANCA
