Jadi serangan Mawar Hideung ngan ngagunakeun 30% tanaga jero nu disalur keun; atawa 3 bagian, sedengkeun 7 bagean deui waspada keur lolos; mun aya serangan balik. Bener wae; eta tinggangan Mawar Hideung dicingcetkeun mani tapis pisan, geus kitu leungeun kencana mapakan leungeun katuhu Mawar Hideung nu keur nonjok; maksudna rek ditarik, bari sakalian digusrakkeun. Mawar Hideung waspada, barang nempo yen seranganana gagal; bari eta leungeun rek ditewak ku Si Setan Alas Kobar; terus wae eta leungeunna dipake nakis mapakan leungeun kenca Setan alas Kobar; tapi Setan Alas Kobar ge waspada pisan; barang leungeun katuhu Mawar Hideung ngagilek saeutik; ngan sakilat manehna ngageterkeun leungeunna nu kenca; atuh eta dua leungeun langsung bentrok ! Plak ! Sora dua tapak diadu ! Duanana leungeunna pada ngageter, tanda yen tanaga itu ieu lumayan gede. Memang salian ti nyingcet ti na serangan, Si Setan Alas Kobar oge hayang nguji sabaraha kakuatan tanaga jero Mawar Hideung. Ayeuna Si Setan Alas Kobar Kacida kagetna, lantaran teu nyangka Mawar Hideung sakitu ngorana, tapi boga tanaga anu sakitu punjulna ! Wah ari sugan teh ngan ukur hebat dina hampang ragana wungkul; nyata geuning tanaga jerona ge teu sahandapeun aing; lamun kieu carana, hese aing rek meunang ti ieu si Mawar Hideung teh ! Kitu pikiran Si Setan Alas Kobar waktu harita. Tapi Mawar Hideung oge kaget, manehna beuki waspada; manehna kudu enya2 ngaluarkeun elmuna , mun henteu bakal cilaka. Mawar Hideung sadar, yen boh di na tanaga jero, jeung hampang raga; estu Si Setan Alas Kobar teu disahandapeun manehna; kitu deui di na olah kanuragan saperti jurus2 sigana satanding. Ieu dua satru ayeuna henteu silih tukeur tinggangan ; tapi lalaunan muter bari mencrong lawanna. Dua nana siga keur konsentrasi mikir, naon deui nu bisa diandelkeun pikeun nyerang lawanna, di na waktu ieu ? Ahirna Si Setan Alas Kobar miheulaan nyerang, lantaran manehna mikir, manehna geus loba pangalaman dibanding Mawar Hideung; mun ayeuna Mawar Hideung diserang terus; mungkin oge Mawar Hideung nembongkeun lowongan nu bisa diserang nepi ka nguntungkeun pihakna.HANCA
