Eta teh
serangan nu istimewa pisan ti Mawar Hideung ngagunakeun senjata rasiah !
Sakaligus tilu sasaran nu diarah ku Mawar Hideung !
Tapi tanaga Si Setan Alas Kobar oge geus nepi
manten, masing enya teu pa_adu leungeun tapi hawana geus keuna ka Mawar Hideung!
Mawar Hideung Salto deui katukang; tapi keukeuh tanaga jero Si Setan Alas Kobar
geus ngeunaan badan Mawar Hideung; ampir2an Mawar Hideung teu tahan, lantaran
karasa dada sesek, nu hartina geus kakeunaan ku tanaga Si setan Alas Kobar,
masing teu telek oge; barang nincak bumi deui Mawar Hideung rada nyoloyong
lieur; bumi asa muter terus aya getih muncrat nu hartina kakeunaan tanaga jero;
cacak mun telek; Mawar Hideung pasti geus rubuh. Gancang wae Mawar Hideung diuk
semedi bari ngalempengkeun jalan napas.
Kumaha ari
Si Setan Alas Kobar ? manehna oge kakeunaan senjata rasiah Mawar Hideung di
tilu tempat; tengah2 antara dua panon, beuheung jeung dadana pisan; tapi nu
karasa pisan jeung nyababkeun Si setan Alas Kobar harita keneh ngajungkel nya
eta aya gedoran di na dadana nu datangna ti tukangeun ! Si setan alas Kobar
ngajerit tanda amarah, jeung panasaran! Tapi sigana manehna geus teu mampu deui
nahan diri; sanggeus kokolojotan, manehna terus tiwas; bari panonna molotot,
tanda paeh panasaran.
Mawar
hideung, oge rampohpoy, geus teu nempo deui kaayaan Si Setan Alas Kobar, terus
wae
neruskeun semedina; tapi karasa aya nu ngadeukeutan ti tukangan; karasa aya
tapak tangan nu nempel na tonggongna; hiji
saluran tanaga jero rembes ngabantu miceun racun tanaga jero ti na
awakna; Mawar Hideung ohek tilu kali; kaluar getih hideung; tanda racunna geus
dibuang.
Mawar
Hideung ngarasa yen nu nulungan ieu teh sarua jeung nu nulungan waktu ngalawan
4 Jago Siluman Laut Kaler; jadi manehna ngarasa panasaran hayang nyaho saha nu
sok nulungan manehna, jeung sakalian hayang kenalan jeung hayang nganuhunkeun.
Ku sabab boga pikiran kitu manehna ngahaja nyesek2 maneh, saperti napasna salah
jalur; jelema nu ditukangeun ge kaciri rada bingung; naha tadi geus lempeng2
jalan napasna; ayeuna ujug2 sesek ?
Tapi teu
lila lantaran Mawar Hideung ku gerak kilat langsung nyamber ka tukang; tapi eta
jelema sigana waspada pisan; da oge ngalakukeun gerakan kilat nu leuwih luhur
satingkat ti Mawar Hideung; alhasil Mawar Hideung gagal; tapi masih kaciri
jirim hiji nini2 nu luncat bari seuri jiga kuntilanak. ihihihih…
…
Wah siga2
Nini Anti , hartina Nini Anti teh kaasup Salah Sahiji Datukna di
Persilatan; tapi naha jeung saha nya eta
Pendekar teh ? Ibu teu cacarita ka aing ? kitu pikiran Mawar Hideung waktu
harita. Keun ah rek ditanyakeun ka Ibu; engke.
Sanggeus
ngadahar obat kuat; keur ngalelempeng urat, Mawar Hideung ngarasa rada seger
ayeuna mah, terus wae nyampeurkeun Si Setan Alas Kobar; nu ngabebengkang, taya
daya deui.
Barang
ditempo, matana kaciri molotot; Mawar Hideung nu memang Hiji Pendekar nu taya
kasieun terus we ngusap beungeut jeung mata Si Setan Alas Kobar; supaya bisa
nutup
kalawan sampurna; jadi maotna kaciri anteng.
Mawar Hideung mikir yen pastina Setan Alas
Kobar hanjakaleun ku sabab manehna tarungna eleh; nu matak matina molotot. Naha
make panasaran ? Cek hate Mawar Hideung ? Kapan ieu teh tarung nu adil ? jeung
manehanana pisan nu nangtang2 !? Naha bet panasaran ? Rada bingung Mawar
Hideung mikirkeun hal ieu ? Naha kitu Nini Anti nu tadi nulungan manehna teh ,
ngalakukeun tindakan sorangan nu ngabantu Mawar Hideung nu saenyana teu
dipikahayang
ku Mawar Hideung ?HANCA