Episode 66 : Ka Gunung Muria Satutasna Jalma ngagambarkeun na hiji kertas kumaha lokasi tempat ki Nurustunjung; terus we Jalma ngajakan Ki Bejo indit ti eta Pasir Wuni; Jalma mapatahaan kumaha indit ka Wanayasa jeung Leuwiseeng; terus nyebutkeun hiji2 tokoh2 di Pasantren; keur kapercayaan Si Bejo dibekelan hiji senjata leutik nu jadi ciri Ki Nurustunjung tea; nya Ki Bejo hoream2 oge maksakeun indit; da ari kahayangna mah Ki Bejo teh hayang milu ka Gunung Muria oge; embung misah jeung Jalma; lantaran paur engke di jalan kumaha; mangkaning cenah Jalma masih boga kasakit ? Saenyana Jalma ge haroream indit ka Gunung Muria teh; lain naon2, manehna asa mentingkeun teuing diri pribadi; tapi Nyi Padmini siga satengah maksa Jalma kudu nepungan Ki PadmaRasa; nya atuh Jalma teu bisa nolak kahayang Padmini, nu jadi Ibu Guruna; lantaran memang asup akal; atuh kaduana sigana parentahna hese ditolak. Mikirkeun ieu Jalma seuri sorangan … lantaran inget yen GURUNA ge matak kabur ge meureun ieu salah sahiji alesanana. Da meureun matak naon rek indit mah bebeja we; tapi mun bebeja meureun dihulag; ari dihulag, pastina ge moal bisa indit; jadi jalan nu pang amanna memang kabur ! Jalan ka Gunung Muria teh ngaler ngetan; terus we Jalma meuli kuda; terus ngaburkeun kudana, da meureun Gunung Muria teh masih jauh keneh. Untung euweuh halangan harungan di jalanan, da sanggeusna Siluman Laut Kaler diacak acak ku Mawar Hideung; jalan ka kaler teh arang aya nu ngaganggu deui. Di perjalanan Jalma sering ngarasa lalieur paruyeng, ah ieu meureun akibat ti na elmu nu dikaluarkeun ku Ki Brojo Nitis ka manehna, paingan atuh Nyi Padmini mani siga ngajurung pisan manehna indit ka Gunung Muria. Waktu nepi ka pilemburan anu pangdeukeutna ka gunung Muria, manehna nitipkeun kudana ka Ki Wiroguno, Oah di kampung eta, sanggeus manehna kenalan jeung apal yen Jalma teh Jago Ngora ti Kulon; nya Jalma dibere parahu ku Ki Wiroguno jeung tukang parahuna keur meuntas ka Pulo Muria/Gunung Muria. Caritana nepi we Jalma ka Gunung Muria tea. Di pasisir eta Pulo aya oge hiji dua imah pamayang; nya manehna nyimpang ka hiji imah nu ditarima kalawan someah pisan. Cenah mah imah nu aya di dinya, imah darurat we da rata2 imahna nu bener mah aya di kaler Pulo Jawa; keur ngagampangkeun ngala lauk, jeung teu sempet balik, nya cicing di dinya, nyieun saung2. Tapi ku sabab mindeng jeung rada lila oge nyicingan eta saung, jadi we dianggap imah kadua; nya ahirna jadi pilemburan, nu teu pati gegek.Hanca
