Nyambung tulisan anu geus dipostingkeun, kuring rek nuliskeun ngenaan
Aqidah Syiah anu ditulis dina kitab-kitab maranehna, anu saterusna anu maca
bisa nilai sajauhmana kasalahan Aqidah Syiah.
*1. Ngenaan Al Qur'an*
Dina kitab maranehna anu kahot dianggap kitab anu mulia nyaeta al-Kafi anu
ditulis ku Abu Ja'far Muhammad bin Ya'qub al-Kulaini (2/634) ti Abu
Abdullah (Ja'far ash Shadiq),  manehna nyarita :Saestuna al Qur'an anu
dibawa Jibril ka Muhammad aya 17.000 ayat" Dina Juz 1 kaca 239-240 ti Abu
Abdillah manehna nyarita "Saestuna di sagigireun kami aya mushaf Fathimah
as. Maranehna henteu nyaho naon ari mushaf Fathimah eta. Abu Bashir nyarita
: 'Naon mushaf Fathimah eta?' Manehna (Abu Abdillah) nyarita : 'Mushaf tilu
kali lipet tina naon anu aya dina mushaf maraneh. Demi Allah, henteu aya
didinya hiji huruf oge ti al Qur'an maraneh....." (Nukil ti kitab Syiah wal
Qur'an kaca 31-32 ku Ihsan Ilhai Zhahir).
Malahan salah saurang ahli hadits maranehna anu ngaranna Husain bin
Muhammad at-Taqi an-Nuri ath-Thabrisi geus ngumpulkeun pohara lobana
riwayat ti para imam maranehna anu ma'shum (nurutkeun maranehna), dina
kitabna Fashlul Khitab fii Itsbati Tahrifi Kitabi Rabbil Arbab, anu
ngajeulaskeun yen al Qur'an anu aya ieu geus ngalaman parobahan jeung
panyimpangan.

*2. Ngenaan sahabat Rasulallah Saw.*
Diriwayatkeun ku imam al-Jarh wat ta'dil maranehna (Al-Kisysyi) dina
kitabna RIJALUL KISYSYI (kaca 12-13) ti Abu Ja'far (Muhammad al-Baqir) yen
manehna nyarita : "Manusa (para sahabat) sapaninggal Nabi dina kayaan
murtad kacuali tilu urang", mangka kuring (rawi) nyarita : Saha ari tilu
urang eta?" Manehna (Abu Ja'far) nyarita, "Al-Migdad bin al-Aswad, Abu Dzar
al-Ghifari jeung Salman al-Farisi..." tuluy nyebutkeun surat Ali Imran ayat
144 (Dinukil ti asy-Syi'ah al-Imamiyyah al-Itsna 'Asyariyyah fil Mizanil
Islam, kaca 89).
Ahli hadits maranehna Muhammad bin Ya'qub al-Khulaini nyarita "Manusa (para
sahabat) sapaninggal Nabi dina kayaan murtad  kacuali tilu urang al-Miqdad
bin Al-Aswad, Abu Dzar al-Ghifari jeung Salman al-Farisi". (al Kafi 8/248,
dinulik ti asy-Syiah wa Ahlil Bait kaca 45 kur Ihsan Ilhai Zhahir).
Kitu oge anu dinyatakeun ku Muhammad Baqir al-Husaini al-Majlisi dina
kitabna Hayatul Qulub 3/640 (bisa ditempo dina kitab asy-Syi'ah wa Ahlil
Bait kaca 46). Anapon sahabat Abu Bakar ra. dan Umar ra. (dua jalma anu
pang hadena sanggeus Rasulallah, maranehna poyok, hina jeung laknat.
Malahan ngalepaskeun maneh ti kaduana ngarupakeun bagian ti prinsip agama
maranehna. Kusabab eta, aya bimbingan do'a dina kita maranehna (Miftahul
Jinan kaca 114) dzikir laknat jeung nyela pikeun kaduana.
اللَّهُمَّ صَلِّ عَلىَ مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِ مُحَمَّدٍ، وَالْعَنْ صَنَمَيْ
قُرَيْشٍ وَجِبْتَيْهِمَا وَطَاغُوْتَيْهِمَا وَابْنَتَيْهِمَا
 "Ya Allah, mugia shalawat tiasa disampekeun ka Muhammad sareng kaluargina,
cilaka (laknatlah) kadua berhala Quraisy (Abu Bakar jeung Umar) setan jeung
thagut kaduana, sarta kadua putri maranehna........"

Anu dimaksud kadua putrina nyaeta Ummul Mukminin 'Aisyah jeung Hafsah
(dinukil tina kitab al-Khuthuth al'Aridhah kaca 18 ku as-Sayyid Muhibbun
al-Khatib).
Maranehna oge ngayakinan yen Abu Lu'lu'ah al-Majusi anu maehan Amirul
Mukminin Umar bin al-Khaththab nyaeta saurang Pahlawan anu bere gelar "Baba
Syuja'uddin" (Saurang pemberani dina ngabela (agama). Poe ajalna Umar
dijadikeun sabage poe "Iedul Akbar", poe kabungahan, poe kamuliaan,
kasucian, poe barokah sarta poe suka cita (al-Khuthuth al-Aridhah kaca 18.

Anapon Aisyah jeung para isteri Rasulallah anu lainna, maranehna ngayakinan
sabage palacur - naudzubillah min dzalik - . Sakumaha anu aya dina kitab
maranehna Ikhtiyar Ma'rifatir Rijal (kaca 57-60) ku ath-Thusi, nukilkeun
(sacara dusta) caritaan sahabat Abdullah bin 'Abbas ka Aisyah, "Maneh
henteu lain ngan saurang palacur ti salapan palacur anu ditinggalkeun ku
Rasulallah...." (Dinukil ti kitab Daf'ul Kadzibil Mubin al-Muftara
Minarrafidhati'ala Ummahatil Mukminin, kaca 11 ku Dr. Abdul Qadir Muhammad
'Atha).
Tah kitu, pohara keji jeung kotorna sungut maranehna. Kusabab eta, al Imam
Malik bin Anas ra. nyarita : "Maranehna eta nyaeta hiji kaum anu boga tekad
goreng pikeun maehan Nabi namung henteu mampu. Mangka akhirna maranehna
nyela (moyok/ngahina) para sahabatna saterusna dicaritakeun yen manehna
(Nabi Muhammad Saw) nyaeta saurang anu jahat. Kusabab lamun memang manehna
jalma saleh, niscaya para sahabatna oge jalma-jalma salah". (ash-Sharimul
Maslul'ala Syatimirrasul kaca 580).

3. Ngenaan Imamah (Kapamimpinan Umat)
Imamah nurutkeun maranehna ngarupakeun rukun Islam anu pang utama tilu.
Diriwayatkeun ku al-Kulaini dina al-Kafi (2/18) ti Zurarah ti Abu Ja'far,
manehna nyarita "Islam diwangun di luhur lima perkara.....shalat, zakat,
haji, shaum jeung wilayah (imamah)..." Zurarah nyarita "Kuring ngomong,
mana anu pang utamana?" Manehna nyarita "Anu pang utama nyaeta wilayah"
(Dinukil ti Badzlul Majhud 1/74). Imamah ieu (nurutkeun maranehna) nyaeta
hak Ali bin Abu Thalib jeung katurunana, sasuai jeung nash wasiat
Rasulallah. Anapon salain maranehna (Ahlul Bait) anu geus mimpin kaum
muslimin, saperti Abu Bakar, Umar jeung anu sanggeus maranehna hingga poe
ieu, sanajan geus bejoang pikeun Islam, nyebarkeun dakwah jeung
ngaluhurkeun kalimatullah di luhur dunya, sarta ngaluaskeun dunya (wilayah)
Islam, mangka saestuna maranehna hingga poe kiamat nyaeta para perampas
(kakuasaan). (bisa ditempo di al-Khuthuth al-Aridhah kaca 16-17).
Maranehna ngyakinan yen para imam ieu mashum (kajaga dina sagala dosa)
jeung mikanyaho hal-hal anu ghoib. al-Khumaini (K H O M E I N I) nyarita
"Kami atoh yen para imam kami nyaeta para imam anu mashum, ti Ali bin Abu
Thalib sampe Penyelamat Umat Manusa al-Imam al-Mahdi, sanga pangawasa zaman
- pikeunna jeung pikeun karuhunna (nenek moyang) ngarebu-rebu panghormatan
jeung salam - anu jeung kahayang Allah Anu Mahakawasa, manehna hirup (ti
saat ieu) bari ngawaskeun perkara-perkara anu aya" (al-Washiyyah
al-Illahiyyah kaca 5 dinukil ti Firaq Mua'shirah 1/92).

Syaikul Islam Ibnu Taimiyah ra. dina kitabna Minhajus Suunah, bener-bener
scara rinci ngabantah hiji per hiji kasesatan-kasesatan maranehna, khususna
masalah Imamah anu sok maranehna gemborkeun/propagandakan ieu.

Hancaeun..............................
ngajengjehe

Kirim email ke