anu ku abdi katoong dina info toko buku mah: sajarah lahirna Syiah, termasuk ajaran Islam syiah anu nyandakna ti ulama-ulama Syiah ternama.
=> http://www.kompasiana.com/ahsa ________________________________ Dari: Mohammad zen <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Senin, 17 September 2012 20:41 Judul: Re: Bls: [kisunda] buku putih mazhab syiah diterbitkeun ku organisasi Syiah Eusina naon wae??? ________________________________ From: deni solehudin <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Monday, September 17, 2012 5:41 PM Subject: Bls: [kisunda] buku putih mazhab syiah diterbitkeun ku organisasi Syiah ----- Forwarded Message ----- This message is eligible for Automatic Cleanup! ([email protected]) Add cleanup rule | More info nya.. buku putih nu nyieunna sorangan mah atuh alus kabeh, Jang. Tong nambah-nambah dosa ah. ________________________________ Dari: Aliyudin Sofyan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Senin, 17 September 2012 15:27 Judul: Re: [kisunda] buku putih mazhab syiah diterbitkeun ku organisasi Syiah Ti sambarang mimiti ngabereset lahir uing hirup di lingkungan masyarakat NU, nepi ka sakola SD, sakola sore (sakola agama), tuluy asup ka Tsanawiyah, aliyah bari masantren, nepi ka kuliah. Acan pernah ngadenge aya guru agama/ustadz/kiai anu ngagogoreng Imam Ali KW ra. Anu diajarkeun ku guru/kiai2 uing, boh di sakola atawa di pasantren nyaeta uing kudu ngahormat ka opat sahabat Nabi Muhammad, nyaeta Abu Bakar, Umar, Ustman, jeung Ali. Malah di ampir unggal masigit aya kaligrafi salian kaligrafi Allah sareng Muhammad, aya oge kaligrafi ngaran opat sahabat eta. Tapi cindekna, najan uing di "wajibkeun" parcaya ajeung hormat ka opat sahabat, tapi tetep ustad/kiai uing mamagahan lan ngawajibkeun anu kudu ditiru jeung digugu mah mung Allah jeung Rasulna, nyaeta Nabi Muhammad SAW. Sedengkeun ari para sahabat, tabiit, jeung tabiin, kaasup para ulama/kiai mung cukup dijadikeun sosok anu kudu dipihormat tur diconto sikap-sikap anu haradena. Tapi anu ku uing kadenge jeung kabaca, geuning urang syiah mah ngahormat ka Imam Ali jeung katurunana teh mani siga kaleuleuwihaneun teuing. Malah aya kesan leuwiih ngahormat Imam Ali, Imam Hasan, Imam Hesein, jeung katurunana, tibatan ngahormat ka Nabi Muhamamad jeung katurunana. Uing oge sakapeung mah sok rada risih maca tulisan urang syiah anu ngagogoreng jeung ngajejeleh sahabat-sahabat khulafaurrasyidin sanesna, sapertos Abu Bakar, Umar, jeung Usmant. Lamun cenah aya sajarah goreng baheulana, kunaon atuh mani kateterusan. Anu hog hag mah da Imam Ali (saparakanca), Sahabat nabi anu sanes (saparakanca), Aisyah (saparakanca), atawa khalifah2 (saparankanca). Tapi naha nepi ka urang (Indonesia) conto anu teu eucreug ti para sahabat (ka asup Imam Ali) jeung para pangikutna teh masih dibarawa? Jadi weh di urang oge aya mazhab iyeu, mazhab itu. Mending mun mazhab-mazhab eta teh daek alalakur, tapi da kanyataanana malah sering paketrokna tibatan akurna. Lamun maca sajarah, sakabeh pasualan ti saprak Nabi Muhammad SAW maot , mung akibat parebut kakuasaan wungkul, nyeri hate, jsb anu sifatna kaduniaan. Naha urang kudu kabawa sakaba-kaba jeug mimiluan conto anu teu bener ti para pewaris Nabi Muhammad SAW kitu? Aih da uing mah embung. Uing mah hayang nyonto kana kahadeanana wungkul. Uing mah teu ijid ka Abu Bakar, Umar, Ustman, kitu deui ka Imam Ali, oge ka para sahabat-sahabat sejena. Sabab kualatan aranjeuna, uing jadi nyaho Islam.......... Si Ali On Mon, 9/17/12, Ahsa <[email protected]> wrote: >From: Ahsa <[email protected]> >Subject: [kisunda] buku putih mazhab syiah diterbitkeun ku organisasi Syiah >To: "Ki Sunda Milis" <[email protected]> >Date: Monday, September 17, 2012, 10:39 AM > > > >Salam. Tah ieu aya info buku perkawis Syiah anu diserat ti ulama-ulama syiah >sareng dikaluarkeun ku organisasi Islam Syiah: Ahlubait Indonesia (ABI). >Mangga geura galeuh mun hoyong terang Syiah ti urang Syiah sorangan. Link... >http://tokobukucemerlang.com/2012/09/10/buku-putih-mazhab-syiah-menurut-ulama-syiah-yang-muktabar/ > > >=> http://www.kompasiana.com/ahsa >
