Bah.. geningan carita diulang deui, Cersil 291 sareng 293 sami.

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas Amien
Sent: Tuesday, October 02, 2012 4:50 AM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 294

 

  



Teu kacatur di jalanna, nu kaitung mulan malen, caritana nepi we ka Wanayasa; 
kadatanganana teh tangtu we matak guyur sa Wanayasa; komo di Pasantrenna mah; 
lantaran kabeh hayang ngadenge beja ngeunaan Jalma jeung Nyi Ipah tea.

 

Ku leungitna Nyi Ipah, Nyi Ojoh cenah kagegeringan; nepi ka maotna pisan; 
ayeuna Ajengan Salim tos rarabi deui ka bojo kadua; cenah dijurung ku H. Syarif 
supaya Ajengan Salim ulah nguluwut teuing.

 

Barang ngadenge yen Ki Bejo teh utusan Jalma, H. Syarif langsung ngajurung Ki 
Bejo sina mondokna ulah di kobong, tapi khusus di kamar deukeut kamar H. 
Syarif; cohagna mah Ki Bejo ditarima sabage tamu nu dihargaan pisan. 

 

Atuh Ki Bejo, bari rada balaham belehem ge atoheun pisan, da can ngarasa aya nu 
ngahormat saperti kitu; salila manehna kumelendang di ieu alam dunya teh. Atuh 
rek dihormat ku saha; bawaan bebas, buraong, bari papakean sangeunahna. Nu 
matak ayeuna enyaan Ki Bejo ngarasa jadi manusa nu hebat pisan.

 

Sanggeus dititah istirahat sapoe; peutingna ba_da Isya ditaranggap. Teu wudu 
ditaranggap ku sarerea; mani pagelek gelek, nu hayang nyaho kumaha dongengna 
Nyi Ipah, Nyi Epon jeung Jalma.

 

Hanjakal jaman harita can Umum mamake loudspeaker; jadi kudu aya “kurir 
istimewa” pikeun nyorowokkeun ka tukang, ka balarea; kabeneran deuih Ki Bejo 
sorana memang tarik.

 

Ki Bejo mimitina nyaritakeun lalakon manehna mimiti panggih jeung Jalma. 
Manehna oge ngenalkeun heula, cenah Ki Bejo teh baretona mah Pendekar tanpa 
tanding; antara Slawi jeung Cirebon mah; euweuh nu bisa ngalawan ka na 
kajagoanana. ( Hehehe, biasa Ki Bejo mah resep pamer tea, bari jeung ditambahan 
disambaraan, supaya leuwih seru cenah caritana ).

Tah waktu Ki Bejo panggih jeung Jalma, manehna teh cenah kakara tarung jeung 
anak buah begal aya sapuluhna; jadi waktu ditangtang ku Jalma; manehna geus 
ampir beak tanaga cenah. ( Hehehe, Ki Bejo ngaburahol deui ). Atuh nya 
caritana; Ki Bejo eleh ku Jalma; da geus loba tea nu dilawan.

 

Ki Bejo oge nyaritakeun dongeng ti Jalma ngeunaan diculikna Nyi Ipah jeung rek 
dibelaan ku Nyi Epon, tapi teu hasil; malah Nyi Epon ge katawan cenah.

Mani reang nu komentar di eta riungan jeung nu ngadarengekeun di luar; lantaran 
kakara ayeuna kabuka, yen nu nyulik teh Rajawali Bodas. Da teu meunang info ari 
ti Maung Hideung mah; lantaran euweuh hubungan sama sakali; malah kalan2 
curiga, yen nu ngalakukeun gawe nyulik teh ti Gorombolan Maung Hideung.  Teu 
apaleun urang pasantren mah; yen Maung Hideung teh mitra na Si Maung Sancang.

 

Hanca



  _____  

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2012.0.2221 / Virus Database: 2441/5302 - Release Date: 10/01/12

Kirim email ke