Mangga Bah di lajengkeun deui cersilna, hatur nuhun
________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected]; urangsunda <[email protected]> Sent: Tuesday, October 2, 2012 8:47 AM Subject: Re: [kisunda] Cersil Sunda 294 Hatur nuhun bah Abbas, mangga di lajengkeuin deui. Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...! ________________________________ From: Abbas Amien <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 2 Oct 2012 05:49:36 +0800 (SGT) To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 294 Teu kacatur di jalanna, nu kaitung mulan malen, caritana nepi we ka Wanayasa; kadatanganana teh tangtu we matak guyur sa Wanayasa; komo di Pasantrenna mah; lantaran kabeh hayang ngadenge beja ngeunaan Jalma jeung Nyi Ipah tea. Ku leungitna Nyi Ipah, Nyi Ojoh cenah kagegeringan; nepi ka maotna pisan; ayeuna Ajengan Salim tos rarabi deui ka bojo kadua; cenah dijurung ku H. Syarif supaya Ajengan Salim ulah nguluwut teuing. Barang ngadenge yen Ki Bejo teh utusan Jalma, H. Syarif langsung ngajurung Ki Bejo sina mondokna ulah di kobong, tapi khusus di kamar deukeut kamar H. Syarif; cohagna mah Ki Bejo ditarima sabage tamu nu dihargaan pisan. Atuh Ki Bejo, bari rada balaham belehem ge atoheun pisan, da can ngarasa aya nu ngahormat saperti kitu; salila manehna kumelendang di ieu alam dunya teh. Atuh rek dihormat ku saha; bawaan bebas, buraong, bari papakean sangeunahna. Nu matak ayeuna enyaan Ki Bejo ngarasa jadi manusa nu hebat pisan. Sanggeus dititah istirahat sapoe; peutingna ba_da Isya ditaranggap. Teu wudu ditaranggap ku sarerea; mani pagelek gelek, nu hayang nyaho kumaha dongengna Nyi Ipah, Nyi Epon jeung Jalma. Hanjakal jaman harita can Umum mamake loudspeaker; jadi kudu aya “kurir istimewa” pikeun nyorowokkeun ka tukang, ka balarea; kabeneran deuih Ki Bejo sorana memang tarik. Ki Bejo mimitina nyaritakeun lalakon manehna mimiti panggih jeung Jalma. Manehna oge ngenalkeun heula, cenah Ki Bejo teh baretona mah Pendekar tanpa tanding; antara Slawi jeung Cirebon mah; euweuh nu bisa ngalawan ka na kajagoanana. ( Hehehe, biasa Ki Bejo mah resep pamer tea, bari jeung ditambahan disambaraan, supaya leuwih seru cenah caritana ). Tah waktu Ki Bejo panggih jeung Jalma, manehna teh cenah kakara tarung jeung anak buah begal aya sapuluhna; jadi waktu ditangtang ku Jalma; manehna geus ampir beak tanaga cenah. ( Hehehe, Ki Bejo ngaburahol deui ). Atuh nya caritana; Ki Bejo eleh ku Jalma; da geus loba tea nu dilawan. Ki Bejo oge nyaritakeun dongeng ti Jalma ngeunaan diculikna Nyi Ipah jeung rek dibelaan ku Nyi Epon, tapi teu hasil; malah Nyi Epon ge katawan cenah. Mani reang nu komentar di eta riungan jeung nu ngadarengekeun di luar; lantaran kakara ayeuna kabuka, yen nu nyulik teh Rajawali Bodas. Da teu meunang info ari ti Maung Hideung mah; lantaran euweuh hubungan sama sakali; malah kalan2 curiga, yen nu ngalakukeun gawe nyulik teh ti Gorombolan Maung Hideung. Teu apaleun urang pasantren mah; yen Maung Hideung teh mitra na Si Maung Sancang. Hanca
