Sok hayang seuri, lain rek nuduh ka sasaha ieu mah nyaritakeun jalma-jalma
anu aya di na realita kahirupan sapopoe. Sok pernah ngadenge beja si A jadi
Pamimpin tapi sok rajin ngadatangan Paranormal, teuing rek naon. Heueuh sok
pikaseurieun wae. Ieu mah ceuk bi Iroh (ngaran samaran) aya hiji jalma
ngarana Bohi (ngaran samaran) jadi Pampinan (Direktur). Jabatan pimpinan
pastina jabatan Top Management anu boga pangaruh jeung kakawasaan. Pastina
jadi Pamimpin teh kudu sakola luhur, jeung ieu pasti satiap pamimpin boh di
pamarentahan atawa di parusahaan kudu boga pandidikan formal Paguron Luhur.
Da moal aya kiwari anu jadi pamimpin sakolana kaluaran EUS EUD, kacuali
jadi Katua EUR EUT jeung Kapala Kaluarga, da ieu mah henteu kudu make
syarat pandidikan akademis.
Anu rada teu kaharti ku si Bohi teh, abong sakola luhur (intelektual),
mindsetna jiga urang Lembur anu bau lisung anu can pernah nyakola. Atuh
aneh anu boga pandidikan luhur ditambah softskill aneka macem ilu kurus eh
kursus, seminar, workshop boh dalam nagri atawa luar nagri, tapi bet kunaon
percaya ka si Dukun anu nota bene teu nyakola! Ceunah rajin datang ka dukun
teh ameh kadudukan jadi pamimpin ulah goyang, jeung deui sakabeh bawahanna
tunduk, turut kana sagala parentahna. hA..HA..HA..Aduh Iroh! Cilaka ieu
mah! Eta elmu pamake salila mondok di paguron luhur disimpen dimana? Dina
dengkul? Teuing kaasupan jurig mana, eta si Bohi jadi guguru ka dukun lain
guguru ka Professor. Hayang kapake jadi Pamimpin, hayang disegani ku
bawahan atawa rekan sasama pajabat, atuh tembongkeun kompetensi salaku
jalma anu geus nyakola di paguron luhur, tembongkeun integritas sabage
manusa anu berpendidikan. Apan jalma anu berpendidikan luhurmah mah
mindsetna beda jeung jalma anu kaluaran EUS EUD. Etikana leuwih santun,
moralna leuwih kabimbing jeung terarah. Na kunaon si Bohi sieun kadudukana
kagoyangkeun atawa ka geser lumpat ka si Dukun?  Ieu meureun jalma anu
katerapan panyakit paranoid.


Salam,
-- 
*Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain
kuring.*
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
*Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as
if you will
live forever"*

Kirim email ke