Di hiji warung kejo basa bulan puasa ramadan, aya obrolan hiji Bapa-bapa jeung budak ngora. Bapa-bapa aya warung kejo keur meli bukaeun, ari si budak ngora aya di warung kejo keur nyatu. Kieu obrolanna"Jang ari rukun Islam teh aya sabaraha" ceuk si hiji Bapa-bapa ka budak ngora anu jadi mahasiswa di salah sahiji paguron luhur. Ceuk eta budak ngora "Ah si Bapa, eta tatanya teh pantesna ka budak SD" bari beungeut rada gumasem. Ceuk si Bapa "Atuh punten Jang bilih patarosan Bapa kurang sreg di hate ujang. Sakali deui hapunten Bapa ieu, sanes bade ngajar meri ngojay. Anggap we ieu pepeling hiji Bapa kanu jadi anak. Ceuk budak ngora ngomongna rada muntegeg "Bapa naros kitu maksadna naon?" Ceuk si Bapa "Sanes nanaon, kaleresan ieu teh bulan puasa ramadan, sakedap deui waktos magrib. Bapa ningali salira nuju tuang ponyo pisan, ari salira agemana Islam?" Dijawab ku si budak ngora rada nyangereung "Muhun ageman abdi Islam, terus naon hubungan jeung abdi ieu". Si bapa gumujeung "Hmm...naon hubunganna? Sasuai jeung pertarosan bapa tadi ngenaan rukun Islam tea. Apan puasa teh bagian ti rukun Islam anu ka opat, anu diwajibkeun ka sakabeh jalma Islam anu ariman. Sing saha jalma anu ngaku agamana Islam tur boga iman tinangtu bakal puasa di bulan ramadan ieu. Kacuali jalma-jalma anu geus disyaratkeun teu puasa teh diantarana keur lalampahan jauh, awewe anu keur datang bulan atawa nifas, jalma atawa jalma geus kolot anu teu kawasa ngalaksanakeun puasa kusabab boga panyakit beurat mun puasa bisi nambahan beurat panyakitna. Ari-ari jalma-jalma Islam anu henteu aya halangan saperti eta, atuh kedah puasa. Nya teu saeutik jalma anu ngaku Islam anu henteu paruasa, lobas aleusan tea, alesan anu geus lumrah nyaeta "MAAG". Puasa eta sasuai dawuhan Allah dina al Qur'an 'Hey jalma-jalma anu ariman diwajibkeun pikeun maraneh puasa............', jadi ujang jalmi Islam tapi henteu kalebet anu disebatkeun ku Allah nyaeta "jalmi iman". Terus si bapa sanggeus nyokot pesenan bungkusan ti tukang warung kejo pikeun buka puasa leos indit bari ngomong deui "Camkeun ku ujang". Eta budak ngora molohok wae teu ngomong deui.
Salam, -- *Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain kuring.* *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* *Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as if you will live forever"*
