Jabatan atawa jadi Pajabat eta impian sakabeh jalma, boh jadi RT, RW,
Lurah, Camat sampe ka Presiden. Padahal jabatan eta amanah. Hiji jalma
diangkat jadi pajabat hartina eta jalma di bere amanah pikeun ngalasanakeun
naon-naon anu geus digariskeun. Jadi Ketua RT nanggung amanah, sabab
manehna dibere kapercayaan ku warga pikeun ngurus urusan Karukunan
Tatangga. Beurat amanah eta Cep Anom....beu lain lalagaan
beurat.......henteu  gampang jeung sakama-kama. Tapi jalma geus teu milare
kana beuratna amanah, pastina maranehna nyarahoeun kana tanggung jawab
amanah anu beurat. Tapi kusabab geus hubud dunya, hatena geus ka tutup ku
sikap sarakah bin tamak jadi nempo obor Agama kalah dipareman lain
dicaangan. Pokna teh lah urusan akherat mah kumaha engke we di akherat.
Astagfirullah............Cep Anom. Mun sakabeh jalma sadar jeung nyaho
kumaha beuratna amanah eta, tinangtu moal aya jalma-jalma anu palomba-lomba
hayang jadi Pajabat. Tanggung jawab sabage Kapala Rumah Tangga ge beurat
atuh den, tanggung jawab teh lain di dunya wae, engke pertanggung jawaban
di akherat bakal di reken ku Pangeran. Sabab teu saeutik, alias loba pisan
jalma-jalma anu jadi pajabat teu amanah, malahan jadi Pajabat di nagara
urang mah jadi juragan 100% sagala hayang dilayanan. Imah diimahan, mobil
dimobilan, jalan-jalan atawa leumpang nepungan rahayat make pangawal, gajih
digajihan malahan gajihna GUEDE. Geus kumplit fasilitasna, eh masih keneh
kurang wareg bin puas, APBD dileketek.......bikang dileketek ajret-ajretan
pireseupeun, tapi APBD dileketek rahayat awangna baregang, eta
pikaseubeuleun! Padahal Pajabat salaku palayan publik sakumaha geus di atur
dina UU No. 25 tahun 2009. Eta UU prodak manusa nyah, asa pantes mun jalma
loba anu ngalanggar, da jieunan manusa ieuh.....

Nempo zaman kiwari araneh loba jalma parebut amanah, melaan sampe duit
milyaran rupiah di kaluarkeun, malahan jujualan pakaya sampe ka kolor
digadekeun. Ari ceuk kuring mun loba duit, harta bro di juru bro di panto
ngalayah di tengah imah, na kunaon ngudag-ngudag jabatan, anu akhirna
lumpatna ngudag-ngudag harta keneh wae. Padahal duit jeung harta anu aya we
manfaatkeun pikeun kamaslahatan kaluargana jeung jalma rea. Keur naon
melaan bebeakan, ari rek bales dendam mah, ceunah "Aing jadi Bupati beak 10
milyar, kudu kagantian salila aing jadi Bupati, malahan kudu aya batina".
Wek..wek...wek...wek......ceuk Donald Bebek. Coba urang tingali dawuhan
Nabi anu sumber riwayatna ti Abu Dzar r.a., manehna nyarita "Kuring nanya,
wahai Rasulallah, kunaon anjeun hente mere jabatan ka kuring?. Mangka
anjeunna nepak-nepak taktak kuring, tuluy ngadawuh : "Wahai Abu Dzar,
saestuna maneh saurang anu lemah, sedengkeun jabatan nyaeta hiji
kapercayaan, anu di poe kiamat ngarupakeun hiji kahinaan jeung
panyeuseulan, kacuali pikeun pajabat anu bisa ngamanfaatkeun hak jeung
nyumponan kawajiban anu sahade-hadena". (HR. Muslim).


Salam,

-- 
*Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain
kuring.*
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
*Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as
if you will
live forever"*

Kirim email ke