Alhamdulillah. Hatur nuhun, Ki Abbas. Mugia sehat tur digampangkeun sagala urusanna.
Baktos, ::zya --- On Mon, 15/10/12, Abbas Amien <[email protected]> wrote: From: Abbas Amien <[email protected]> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 296 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Monday, 15 October, 2012, 8:33 PM H. Syarif jeung Ajengan Salim rada teger oge geus apal yen dua budak salamet; tur aya dina panyalindungan Jago Silat satanah Jawa nya eta Mawar Hideung, bari diangkat murid. Tah H. Syarif terus we na kasempetan eta ngumumkeun bakal salametan minggu hareup, minangka syukuran, bari sakalian ngaduakeun supaya eta nu tiluan pada saralamet. Sanggeusna sagala beres Ki Bejo pamitan rek ka Leuwiseeng cenah; sabab eta ge amanat ti Jalma cenah. Nya Ki Bejo ayeuna mah dibere kuda, supaya gancang nepi ka Leuwiseeng. Wah Ki Bejo mani jigrah, dibere kuda teh, mani asa jadi Pendekar pang jadugna we manehna teh; sajajalan manehna nyorowok :” Chihuy ieu Pendekar Bejo rek ngaliwat ! minggir ulah aya nu ngahalangan !” Keur ngeunah2 ngajalankeun kudana bari cocorowokan, teu kanyahoan dihareupeun ngadadak aya kai rungkad atuh; kudana langsung eureun ngadadak bari bebenger; ari Ki Bejo kapeclengkeun rada jauh, untung manehna masih bisa salto; tapi teu wudu nyeri oge tigubrag niban lemah. “Hahahahaha ! “ Kadenge sora nu sareuri, nyeungseurikeun manehna nu ngaringkuk. Nyel ki Bejo ambek; terus ngagurinjal hudang; kaciri aya dalapan urang make pakean hideung keur ngajarega we sisi leuweung, moal salah eta teh gorombolan begal nu keur megatan jalan; pasti maranehna nu nyababkeun manehna tigubrag. Teu tatanya deui langsung we Ki Bejo melesat nyerang eta nu dalapan; atuh ti na seuri ayeuna mah eta jelema dalapan teh ting jarungkel; maranehna ti na seuri jadi reuwas; salah sahiji diantara gancang susuit. Jol we jelema jangkung badag datang bari dituturkeun ku baturna tiluan. “Heh ! saha jelemana ngajago di ieu tempat Maung Hideung hah !? sebutkeun ngaran jeung lembur maneh bisi kojor teu boga ngaran !?” Nyata eta nu megatan Ki Bejo teh taya lian ti kumpulan Maung Hideung; biasa keur ngayakeun “usaha”; kabeneran nu mingpin poe ieu Ki Joyo Sembodo; dibantu ku Ki Uca; jeung baturna deui duaan. “Hahahaha !” Euh ieu teh kumpulan keroco Maung Hideung; sok hayang nyaho ngadu elmu jeung aing !” dasar Ki Bejo, geus nyaho eta Maung Hideung teh aya hubunganana jeung Jalma; tapi manehna hayang nyaho nepi ka mana eta kumpulan Maung Hideung rek ngaganggu perjalanan manehna; sakali kalieun mah ulin heula ah, cek Ki Bejo na hatena rada rasa mokaha. Terus we Ki Joyo Sembodo nu memang boga rasa gagah aing teu batur ngalawan Ki Bejo nu memang arateul sok hayang wae tarung; atuh der duanana rame tarung. Tapi nyata Ki Joyo Sembodo lain tandingan Ki Bejo; atuh mus mus bluk labuh ! sababaraha kali; ngan ku sabab badanna kuat tea; terus hudang deui ngalawan. Hanca
