Aduh kakara bisa asup ka yahoo; hararese pisan asup ka yahoo teh ayeuna mah; 
duka ku naon ?
 
 
 
Sajeroning Joyo Sembodo gelut; sababaraha anak buah geus laporan ka Pasir 
Buncit. Ku sabab ayeuna mah boga kuda nu siap dipake iraha bae, nya gancang 
pisan nepi ka markasna. Ki Darga rada reuwas ngadenge yen aya “Jagoan” keur 
tarung jeung Ki Joyo Sembodo; Ki Joyo cenah mah kadesek; ku sabab panasaran; Ki 
Darga terus we indit ka jalan bari mawa balad aya welasna; bandera nu rada gede 
oge dibawa ngagambarkeun macan Hideung.
Barang datang ka dinya; katenjo Ki Joyo Sembodo tigugulitik; si jagoan keur 
seuseurian; Ki Darga tadina rek langsung maju; tapi dihalangan ku Ki Wira; 
tanyakeun heula saha2na ulah waka riributan.
“Tahan!” nyorowok Ki Darga. Ki Joyo Sembodo gancang mundur; bari ngahegak, ari 
Ki Bejo eureun teu ngudag ngan bari seuri manehna nyarita:”Hehehehe, lumayan 
geus lila teu aya gerak; ieu ki sanak ngajak ulin; nya dibaturan. Hahahah.” 
 
Ngomongna Ki Bejo teugeug kaciri letah Jawana; atuh Ki Joyo Sembodo gancang 
nyarita:”Kowe arep nopo, datang2 ngepruke balad kulo !”
 
Ki Bejo ngajawab ku Basa Jawa :”Atuda uing keur ngeunah2 naek kuda; diganggu ku 
anak buah maneh; nepi ka uing tijengkang ti na kuda !”
 
Ki Darga, terus mairan :”Oh jadi sampeyan dipegat ku anak buah Kaula ? Mun kitu 
Kaula menta dihampura; Kaula maning ge mimitran jeung Pendekar kawas sampeyan 
mah; ti batan kudu tarung mah.Hahahaha. Ieu Kaula Darga Pimpinan Maung Hideung 
!”
 
Ki Bejo :”Hahahaha ! ieu Kaula Ki Bejo dulur angkat Jalma ! “
 
“Haaaaah !” mani ampir bareng Ki Darga jeung para anakbuahna nyorowok ku 
kaget2na disebut eta Ki Bejo teh dulur angkat Jalma.
 
Ki Bejo nempo yen eta Gorombolan Maung Hideung rada cangcaya ka manehna ; terus 
we Ki Bejo nyokot ti jero bajuna ngaluarkeun hiji peso nu leutik; barang nempo 
eta senjata; geus teu cangcaya deui; maranehna turun ti na kuda ngajak 
sasalaman ka Ki Bejo.
 
Hanca

Kirim email ke