Mangga teraskeun bah
Sent from BobokoBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amien <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Oct 2012 05:56:31 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 298










Harita keneh Ki Bejo dibawa ka Pasir Buncit; terus Ki Bejo ge hahampuraan jeung 
Ki Joyo Sembodo.
 
Harita keneh Ki Darga ngayakeun pesta ! atuh Ki Bejo mani jigrah pisan; 
ngecewis we ngadongengkeun lalakon Jalma jeung manehna. Ki Darga kaget oge yen 
Jalma geus tarung jeung Mawar Hideung; jago tanah Jawa waktu ayeuna; saterusna 
prihatin lantaran Jalma keuna musibah.
 
Sanggeus aya dua poena di Pasir Buncit biur deui wae Ki Bejo ka Leuwiseeng. 
Inditna dibekelan duit 50 Gulden ku Ki Darga, nu teu sungkan2 ditampa we ku Ki 
Bejo.Wah nyobat jeung Jalma mah untung pisan; dua kali aing dahar ngeunah wae ; 
bari ayeuna aing geus jadi jelema beunghar. Hahahaha. Cek manehna di na jero 
hatena.
 
Caritanaa Ki Bejo nepi we ka Leuwiseeng; terus we nanyakeun imah Nyi Emeh. 
Barang Nyi Emeh nyahoeun yen eta teh sobal Jalma, anakna; Nyi Emeh teu tahan 
terus aluk2an ceurik, bari nanyakeun kumaha ayeuna Jalma ? da geuning make 
diwakilan ? naha aya kacilakaan ?
 
Keur kitu burudul deuih urang lembur; panghareupna Ki Astahiam , lantaran 
nanyakeun masalah Nyi Epon; atuh peuting eta teh der deui wae Ki Bejo 
ngadongeng; ditaranggap ku urang lembur.
 
Nyi Emeh isukna prak prik prek salametan cenah ngaduakeun Jalma sing gancang 
walagri deui; jeung manggih kasenangan. 
 
Ari Ki Bejo cicingna nya di imah Nyi Emeh da lalega oge. Nyi Emeh rada reugreug 
ku ayana Ki Bejo; lantaran asa teu nguluwut teuing kaleungitan Jalma; bari Ki 
Bejo oge pinter pisan ngahibur Nyi Emeh.
 
Di eta lembur; bareto keur aya Jalma sok dilatih sajurus dua jurus Elmu 
kanuragan; tah ku Ki Bejo malah ditingkatkeun deui; atuh loba pisan nu hayang 
diajar ka Ki Bejo teh.
 
Ki Bejo ampir unggal poe demonstrasi kagagahan, ka murid2na ; Ki Bejo jadi 
betah pisan aya na di Leuwiseeng teh; rada poho we ka ki sobat nya eta Jalma.
 
 Episode ka 70: Gorombolan Singa Barong
 
Hanca

Kirim email ke