Hmm....kitu jeung kieu bae nya kajadian di nagara urang teh, mes-mes
rusuh....mes-mes pasea, mes-mes gelut, mes-mes silih babuk. Sabenerna loba
jalma anu boga intergritas pikeun jadi pamimpin, tapi arembungeun, da
ceunah beayana mahal teuing.  Tapi henteu kabeh pamimpin di nagara urang
gelo kabeh, aya oge anu ngabogaan integritas samodel Jokowi atawa Dahlan
Iskan, eta oge ceunah.........

Basa keur jadi mahasiswa, sikap idealisme, kritis jeung wani
ngomong blak-blakan, ari ceuk kuring eta sakadar luapan emosi. Da buktina
geuning teu saeutik aktivis mahasiswa anu vokal, anu cowong ngomongna, anu
pipilueun ngademo pamarentahan, sampe aya anu ajal sagala, kiwari maranehna
dariuk di bangku DPR atawa DPRD atawa di Birokrasi geuning sorana henteu
cowong jiga keur jadi mahasiswa. Teuing ku naon nya eta jadi obah 180
darajat, ayeuna jadi balem cimbetem henteu jiga sada manuk Ciung anu
noroweco. Baheula nempo ketidak adilan langsung ngacungkeun pereup, kiwari
malah peureum malahan sare ngerek. Baheula nempo kasenjangan sosial anu
timpang langsung cocorowokan luncat ka jalan bari metakeun jurus pencak
silat Cimande.

Mun sikap idealisme jeung sikap integritas keur basa mahasiswa dipiara
sampe maranehna jadi pamimpin, tinangtu moal aya mahasiswa turun ka jalan
sampe garelut jeung pulisi. Contoh jalma-jalma anu pernah jadi aktivis
mahasiswa anu kiwari cimbeteum samodel Akbar Tanjung, Anas Urbaningrum,
Jatmiko jeung lain-lain.

Kitu deui jeung Katokohan hiji jalma lain kusabab prestasi atawa
integritasna alus, tapi kusabab kabawa ku kabesaran
kolotna..............jadi nyalindung dina kabesaran kolotna.

Akh.....sok tah urang Jawa Barat sing boga wawanen pikeun ngurus urusan
Jawa Barat, ulah wani tampil kusabab loba duit, tapi tembongkeun integritas
.......boga komitmen kuat hayang ngaronjatkeun rahayat Jawa Barat sasuai
jeung moto "Gemah Ripah Repeh Rapih". Ulah cimbeteum mun geus jadi pamimpin
kusabab geus kahontal Gemh Ripahna Jadi Repeh teu tisada, jeung kamana-mana
Rapih make jas kusabab geus jadi pamimpin tea, ulah kitu Den!!!!

Lieurrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr eup!!!

Salam




Pada 19 Oktober 2012 10:33, MRachmat Rawyani <[email protected]>menulis:

> **
>
>
> JOKOWI....WOUWWW!!!
>
> NANAN.....? WEEWWW!!!
>
>   ------------------------------
> *From:* Mang Kaby <[email protected]>
> *To:* Senyum-ITB <[email protected]>; Alumni IPB <
> [email protected]>; Kisunda <[email protected]>;
> UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Thursday, October 18, 2012 5:45 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Polisi vs Mahasiswa, Pilkadal Jabar?
>
>
> Headline PikiranRakyat hari ini, maruriding ngeliatnya euy. Foto sebelah
> kiri mahasiswa terluka dijinjing + diseret kayak keresek sebelahnya yg
> kanan polisi terluka dipangku rame-2. Ngeliat foto tangan kiri si mahasiswa
> kayak yg patah gitu :((. Haruuuuuh sampe kapan kekerasan di Indonesia
> muncul terus? Bisaan euy PR bikin fotona.
>
> Mang Pram + Mang Budimanta kudu mikir panjang tah + ngaharewos ka Megawati
> sebelum milih Mang Nanan di Jabar. Polisi citranya lagi nyungseeeb seeeeeb.
> Udah mantep Jokowi di DKI tah... Jangan sampe nyungseb di Jabar hehehe.
> Cari yang sudah terbukti n' punya karya nyata weh siga Jokowi :). Masa di
> Jabar ngak ada?
>
> Nuhuuuuuns Nun,
> Mang Kabayan
> www.udarider.com
>
>
>   
>



-- 
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
**

Kirim email ke