Hirup manusa lolobana di alam dunya neangan kasenangan. Rupa-rupa kasenangan manusia diantarana nyaeta miara manuk, anu kiwari ki Manuk di alam liar populasina hampir beak. Kitu deui jeung akal manusa biasana sok neangan hiji hal anu bakal ningkatkeun hasil dina hirup sapopoe, henteu jauh tina urusan efisien jeung efektif tea bari hate nuranina katutupan ku hawa napsu anu gede. Ngabukbak leuweung pikeun tempat padumukan, nuar tangkal pikeun kabutuhan imah jeung sagala rupa, kitu deui jeung usaha gula gali lobang boh batu bara, mas, migas, bijih beusi, tambaga, perak, timah, galian c jeung lain-lain anu sakabehna dilakokan ku napsu sarakah anu hate nuranina jarang dibuka kusabab katutupan ku sikap sarakah tea. Nuar tangkal di leuweung henteu tuar pilih da hayang loba hasil kaina, malahan leuweung dibukbak sampe ka gundul. Hayang pepelakan gancang paneh jeung sareger sarta ulah kaserang hama make zat anti hama jeung zat panyakit pepelakan, pakean kotor sangkan beresih make zat pembersih. Perang sangkan musuh-musuhna gancang marodar make bom biologis atawa bom nuclear. Kitu oge neangan lauk di laut sangkan gancang jeung hasilna loba make dinamit atawa bom lauk. Sakabehna eta sacara langsung atawa hanteu langsung boh anu diprogramkeun atawa henteu, tanpa urang sadar geus ngaruksak lingkungan.
Ngulas kana masalah anu hal sapele urusanna, tapi boga dampak gede misalna manuk anu kiwari saeutik di alam liar, geus jadi kanyataan yen manuk nyaeta sato anu ngadahar simeut, hileud tatangkalan, kusabab populasina ngurangan, mangka eta simeut jeung hileud jadi loba teu katahan, anu balukarna nyaliara ka imah-imah, kebon pepelakanna beak didaharan simeut jeung hileud. Kitu deui anu narewakan oray, sawah parena beak didaharan beurit anu jumlahna rebuan malahan jutaan, dina sapeuting sawah anu hektaran ambles didahar si beurit, kusabab anu ngarondaan sawah nyaeta oray geus euweuh. Kitu deui jeung urusan tatangkalan, ceuk ahli pertangkalan yen tatangkalan boga fungsi anu pang gedena pikeun sakabeh makhluq hirup. Fungsi tatangkalan diantara : 1. Sabage habitat pikeun flora jeung fauna 2. Sumber plasma nutfah 3. Konservasi tanah, cai jeung hara tanah 4. Ngajaga satus biodiversity 5. Sumber daya alam pikeung pangwangunan 6. Ngajaga kasaimbangan kondisi iklim boh lokal atawa global 7. Ngajaga siklus cai jeung carbon Euleuh, pohara gedena nyah fungsi tangkal ck...ck....ck......tapi loba jalma lalawora dina urusan pertangkalan, cilaka 17 X. Kasaimbangan Ekosistem anu geus Allah ciptakeun, geuning kiwari ruksak. Kusaha eta ekosistem ruksakna, da ku manusa lain ku sato, justru sato ruksak (punah) da ku manusa, sanes? Padahal Allah Swt. geus ngingetkeun ka manusia dina dawuhanna dina surat Ar-Ruma ayat 41 : ظَهَرَ ٱلۡفَسَادُ فِى ٱلۡبَرِّ وَٱلۡبَحۡرِ بِمَا كَسَبَتۡ أَيۡدِى ٱلنَّاسِ لِيُذِيقَهُم بَعۡضَ ٱلَّذِى عَمِلُواْ لَعَلَّهُمۡ يَرۡجِعُونَ Hartosna : "Geus ngajadi karuksakan di darat jeung di laut kusabab kalakuan leungeun-leungeun manusa.......................................". Den, Ncep......juragan, kusabab kitu diperlukeun dimensi etika ku prilaku anu sasuai jeung Sunatullah. Etika duduluran jeung alam diantarana kaendahan, kataraturan, jeung kaharmonisan. Kunaon hal ieu jarang dilakukeun ku manusa, kusabab manusa henteu ngabogaan rasa sensitifitas ka alam jeung kapadulian ka mangsa hareup (masa depan). Pakait jeung kapadulian mangsa hareup sarta konsep kasinambungan (sustainabilitas) , Allah Swt. geus ngajelaskeun dina al Qur'an sakumaha dawuhan-Na dina surat Al Hijr ayat 19-20 : وَٱلۡأَرۡضَ مَدَدۡنَـٰهَا وَأَلۡقَيۡنَا فِيهَا رَوَٲسِىَ وَأَنۢبَتۡنَا فِيہَا مِن كُلِّ شَىۡءٍ۬ مَّوۡزُونٍ۬ (١٩) وَجَعَلۡنَا لَكُمۡ فِيہَا مَعَـٰيِشَ وَمَن لَّسۡتُمۡ لَهُ ۥ بِرَٲزِقِينَ "Jeung Kami tembrakkeun bumi. Kami pancangkeun gunung-gunung. Kami jadikeun di luhurna sagala rupa tur imbang. Jeung Kami sadiakeun didinya mangrupa-rupa sumber kahirupan manusa pikeun maneh. Kitu oge pikeun maranehna anu rezekina lain jadi tanggung jawab maneh". Tuh, Den, Ncep......ulah diruksak, ulah hayang senang sorangan, pan boga anak incu, mun kiwari lalawora, sakama-kama, atuh engke jaga anak incu ngadahar naon, naha urang ngawariskeun ka anak incu alam ruksak? Karunya teuing........ Ak sakitu we obrolan sisi jalan bari tunduh ngalentuk.............. Salam, -- *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* **
