Waktu istirahat digawe, biasa dahar beurang ka warung sangu anu aya di
lingkungan kantor. Di hiji warung sangu sisi jalan, anu biasa kuring dahar
beurang sok ragem didatangan tukang ngamen. Harita anu ngamen budak lalaki
(pamuda) buukna gondrong, leungeunna loba tato, awak kerempeng asa kurang
merenah ngalagukeun nasyid Salawat Badariyah. Salawat ieu geus teu asing di
tengah masyarakat. "Jreng..jreng....*Salatullah* Salamullah, Ala toha
rosulillah, *salatullah* salamullah, ala yasin *khabibillah*
..........jreng...jreng.........*Tawaksalna* bibismilah wabil hadi
rasulillah, wakullimuja hidilillah, wabil
*wadi*rasulillah...jreng...jreng.....".
Ceuk kuring "stop...stop....stop......eureun heula jang, ari maneh nyaho
eta salawat naon ngarana. dijawab ku tukang ngamen "aduh Pak teu teurang
namina, abdi sok nguping we dina kaset sareng di masjid". Ceuk kuring
"Mhmm....oh, mun ngupingkeun sing teges ulah apal cangkeum, bisi
diseungseurikeun batur. Jang eta ceuk masyarakat umum ngarana salawat
badariyah, ari nada na mah bener, tapi lafalna loba salah, cing dengekeun
ku maneh "*Solatullah salamullah, ala toha rosulillah, solatullah
salamullah, ala yasin habibillah, tawasalna bibismillah, wabil hadi
rasulillah, wakullimuja hidillillah, biahlilbadriyaallah.............." *Terus
kuring ngaluarkeun dua rebu, ceuk kuring "Kusabab lafalna salah ieu dua
 rebu bae, tadina mah rek lima rebu", ngasongkeun duit ka tukang
ngamen. Ceuk tukang ngamen "Nuhun pak, nuhun tos diemutan" manehna rada
gura-giru buru-buru kaluar ti warung sangu. Aya-aya wae..........

Salam,
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
**

Kirim email ke