Duh Gusti, najan manusa sakolong langit henteu ngibadahan ka Anjeun, tetep
moal nurunkeun darajat Anjeung salaku Pangeran. Duh Gusti, Anjeun anu Maha
Welas jeung Maha Asih, Anjeun henteu pilih bulu mikawelas jeng mikaasih ka
sakabeh manusa. Manusa anu henteu percaya ka Anjeun, tetep Anjeun mere
kahirupan ka manehna. Manusia anu ngibadahan pangeran salain Anjeun, tetep
Anjeun mere kabagjaan ka maranehna. Manusia anupercaya ka Anjeun tapi
henteu daek nyembah ka Anjeun, tetep Anjeun mere kadedeh jeung ka asih.

Tah pikeun anu ageuman Islam, di KTP agama Islam. Henteu saeutik manusa anu
ngaku Islam tapi tilok ibadah anu dina hal ieu nyaeta shalat. Henteu salat
lain kusabab poho atawa kasarean, tapi tilok solat kusabab sangeuk, ngahaja
anu jadi kabiasaan sapopoe. Persis embe hudang isuk terus neangan parab
pikeun nyatu sampe ka sore balik ka kandang, geus ka kandang molor, kitu
jeung kitu unggal poe. Embeeeeeeeeee.....kalakuan kitu pantes sasuai jeung
fitrahna salaku sato, tapi manusa? Ehmmm.....mun manusa sarua jeung embe,
hartina baturna embe! Kumaha hukumna jalma anu ninggalkeun sholat dihaja?
Ceuk nash yen sholat teh pokok agama (tiang agama), sakumaha dawuhan Nabi
Saw.

رَأْسُ اْلأَمْرِ اْلإِسْلاَمُ وَعَمُوْدُهُ الصَّلاَةُ وَذِرْوَةُ سَنَامِهِ
الْجِهَادُ
"Poko sagala urusan nyaeta Islam, tiangna nyaeta shalat jeung puncakna
nyaeta jihad".
(HR. Imam Ahmad (5/231)

Kumaha manusa anu ngahaja ninggalkeun shalat geus jadi kabiasaan sapopoe
saperti embe : gawe, nyatu jeung molor. Ceuk nash di handap ieu :

إِنَّ بَيْنَ الرَّجُلِ وَبَيْنَ الشِّرْكِ وَالْكُفْرِ تَرْكُ الصَّلاَةِ
"Saestuna (batesan) antara hiji jalma jeung kasyirikan sarta kakufuran
nyaeta ninggalkeun solat"
(HR. Muslim).

اَلْعَهْدُ الَّذِيْ بَيْنَنَا وَبَيْنَهُمُ الصَّلاَةُ، فَمَنْ تَرَكَهَا
فَقَدْ كَفَرَ
"Pajanji (pawates) antara urang jeung maranehna nyaeta sholat, mangka
singsaha anu ninggalkeunna hartina manehna kafir"
(HR. Imam Ahmad)

Jadi dumasar nash di luhur eta, jalma anu ninggalkeun solat
geus........geus.........geus............kampret!!! Kunaon disebut kampret?
Kusabab jalma anu ingkar kana kawajiban shalat hartina manehna ngadustakeun
Allah jeung Rasul-Na sarta ijma ahlul ilmi wal iman, mangka kakufuranna
leuwih badag batan anu ninggalkeun kusabab ngalaworakeun waktu.

Salam,
-- 
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
**

Kirim email ke