Eta jalma, hmm.....basa manehna keur aya dina kasulitan, anyaran asup gawe can jadi pagawe permanen masih jadi TKWT, duh rajinna solat duha. Solat fardu teng waktu, dina tiap ba'da solat fardu ngado'a meni lekoh jeung khusu pisan. Salila kurang leuwih tilu taun manehna nembongkeun kaistiqomahan dina ngajalankeun kawajiban shalat lima waktu jeung solat sunnah. Kuring sorangan ngarasa sirik (iri) ka manehna dina ngalakonan ibadah. Dina hate ngarentes soleh pisan eta jalma..hmm...... Sajalan jeung muterna waktu si jalma eta diangkat jadi pagawe permanen, tapi sanggeus manehna jadi pagawe permanen eta sikapna obah 180 darajat melok arah kiwari tilok solat. Teuing katepaan panyakit naon, anu tadina giat jeung rajin solat kiwari ngan ngadeluk wae dina korsi meja gawe. Waktu lohor beak ku dahar berang, kitu deui asar beak ku balik ka imah, kitu jeung kitu unggal poe. Komo kiwari manehna meunang posisi salevel yunior manager, atuh tambah tabeung teu eling deui kana kawajiban sholat. Hmm.......Gusti........ceuk Mang Kabayan "Nikmat mana lagi yang kamu dustakan". Geus jauh ka musola jeung masjid ditambah ku sikap anu teu gableg sense kana masalah sosial, atuh tambah ngadableg wae......
Kitu manusa teh, dimana butuh pitulung Pangeran, manehna gusar gesor ngarayu Pangeran. Geus benang jeung kacumponan pamaksudanana, maneha nukangan Pangeran. ceuk paribasa mah "kacang lupa kulitnya". Diuji ku kasulitan manehna deukeut, diuji ku kasenangan dunya, manehna ngajauhan. Mhmmm....saumpama Pangeran nguji deui ka manehna ku kasulitan, tinangtu manehna bakal balik deui ka jalan pangeran, pasti eta, da anu kitu teh geus tabiat manusa. Da ceuk Pangeran dina dawuhan-Na "Saestuna manusa eta paling dolim jeung paling bodo" (QS. Al Ahzab : 72). Samodel si jalma eta anu geus ngadoliman dirina sorangan ku kabodohanana. Da manehna mun sadar kana status dirina salaku makhluq anu ngabdi ka Pangean, tinangtu eta jalma bakal istiqomah salawasna boh dina kaayaan susah atawa senang. رَبَّنَا لَا تُزِغۡ قُلُوبَنَا بَعۡدَ إِذۡ هَدَيۡتَنَا وَهَبۡ لَنَا مِن لَّدُنكَ رَحۡمَةًۚ إِنَّكَ أَنتَ ٱلۡوَهَّابُ Salam, -- *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* **
