bah, nu 299 asana mah can ka posting ka ki sunda... beuki rame wae yeuh. bareto aya bangsa kompeni, terus urang sunda, terus urang jawa, ayeuna nambahan deui urang bali. hebat..hebat..hebat...kira-kira saha tah pang jagona nya?? jigana mah angger we nya bangsa kompeni. da bogaeun bedil. he..he..he..
________________________________ Dari: Abbas Amien <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Minggu, 4 November 2012 6:08 Judul: [kisunda] Fw: Cersil Sunda 300 Naha nya kiriman ti gmail teu asup wae ? --- On Sat, 3/11/12, Abbas Amien <[email protected]> wrote: >From: Abbas Amien <[email protected]> >Subject: Cersil Sunda 300 >To: [email protected], [email protected] >Cc: [email protected], [email protected] >Received: Saturday, 3 November, 2012, 10:14 PM > > >Geus kitu der deui aya sagolongan Hindu urang Bali; nu ngarasa boga kakeuheul ka agama anyar; maranehna golongan ekstrim Hindu ti Bali; jumlahna teu loba; ngan wae maranehna boga kawani; jeung ngaku turunan Ratu LEAK musuh Brahmana Mpu Barada jaman Airlangga; jadi maranehna ngagabung bari mawa adat keras; nu ngalantarankeun loba pamuda2 Gunung Bromo jadi pipilueun ekstrim. Mangkaning cenah nu ti Bali mah Jarago, jaradug, jeung bisa elmu sihir leak tea. >Ku sabab ayeuna di tutugan Gunung Bromo loba pisan jelemana; sedeng maranehna perlu dahar; padahal lahan pertanian teu nyukupan; nya sabagian ti na eta kumpulan ngusulkeun nyieun kumpulan nu bakal “ngusahakeun” kamakmuran “ ka balarea di tutugan Gunung Bromo. >Tah nya maranehna ngahirupkeun deui Agama Brahma; terus lambangna ku seuneu; nya nyebut kumpulan nu diadegkeun disebutna Kumpulan Singa Barong. > Maranehna teu ngabagi KASTA; tapi ngabagi Golongan : >1. Golongan agamana – ieu mah khusus purah ngadua jeung ngajiad; sawareh aya oge nu bisa ngubaran nu gering >2. Golongan Para pendekarna – ieu mah jelema2na kudu ahli Silat kabeh. Nu Pang Onjoyna Ni Luh Santi, awewe urang Bali. Terus Made Galiga; I gde Butuh; jeung Nyoman Sakarta. Tah ieu para pamimpin Pendekar, nu ngusulkeun nyieun ieu kumpulan. Loba pge Pendekar local nu asalna garong, begal, nu kabur lantaran kausir ku Pendekar saperti Mawar Hideung; nyampur ka eta kumpulan. >3. Golongan Padagang Pangusaha – ieu mah ngan saeutik pisan; tapi nya ti maranehna mimitina aya modal teh >4. Golongan Patani – ieu mah memang asli masyarakat nu geus lila di eta tutugan Gunung Bromo. >Di na usaha ngamajukeun masyarakat tutugan Gunung Bromo, golongan pendekarna kadang kala turun megatan sudagar nu ngaliwat; tapi can wani terang2an; maranehna masih ngajaga “ngaran” di na soal ngarampog mah. >Akhirna Si Tilu kokojo, nya eta Ni Luh Santi, Made Galiga jeung I gde Butuh, nyieun hiji rencana “jahat” nu masih dirusiahkeun; nu engkena bakal mangaruhan ka na kajayaan eta Kumpulan Singa Barong. >Maranehna kalawan demit ngaracun sumur2 di pakampungan jeung pilemburan nu deukeut ka Gunung Bromo; da maranehna mah Pendekar Silat tea; jadi gampang pisan ngalakukeunana. Sabulan ti harita, loba urang lembur nu garering ripuh; dukun2 di lembur teu matih. Terus we Ni Luh Santi sabatur batur turun mere ubar nu memang geus disadiakeun; ngadadak nu garering calageur. Atuh urang lembur nu deukeut ka Gunung Bromo mah geus keuna we ku pangaruh ieu Singa Barong. Urang lembur loba nu nganggap Ni Luh Santi teh hiji awewe nu sakti nu sok nulungan ka nu susah. >Lambang jeung kumpulan Singa Barong geus teu bireuk deui di daerah eta mah. Atuh eta urang pilemburan teh, sacara teu sadar geus jadi rahayatna Panguasa di Gunung Bromo. >Kumaha ari Golongan Brahma na ? maranehna mah teu pati ngarti ka na kalakuan para pendekar bawahanana teh; ari sacara resmi mah, para Pendekar teh sahandapeun eta para RESI; tapi kanyataanana mah; nu ngawasa eta Gunung teh nya Para Pendekar. >Sacara teu langsung Ni Luh Santi geus jadi Ratu Gunung; dibantu ku tilu wakilna nya eta : Made Galiga; I Gde Butuh jeung Nyoman Sakarta; sahandapeunana pendekar2 sejenna. Euweuh hiji ge nu bisa nandingan ieu nu tilu jago wakil Ni Luh Santi; nu matak pendekar sejennaa taluk pisan ka ieu jagoan tilu ti Bali teh. >Rayat pilemburan gampang pisan dititah diutah ateh keur kapentingan Para Menak Gunung Bromo; arang nu hayang protes, komo deui ngalawan; lantaran kahirupan maranehna sering dibantu ku eta Para “Menak” gunung Bromo. >Ti mana cenah waragadna ? nya ti na hasil “Usaha” para Pendekar tea; masing enya ge can wani terang2an; tapi sakalina mucekil, urang kampung kabagi. Nu matak euweuh pisan urang kampung nu hayang ngalawan lamun aya kahayang ti nu disebut Menak Gunung Bromo. >Beuki lila ieu kumpulan beuki kuat; Brahmanana mah ngan ukur titah mimpin upacara ritual wungkul; sama sakali teu diajak musawarah nangtukeun kawijaksanaan. Komo soal ngarampog mah; maranehna teu nyaho sama sakali; da nu penting keur para Brahmana mah ngan ukur neruskeun tapak karuhun di na muja muji Dewa Brahma; mun eta lancar, geus teu mikir hal lain deui. >Para Pendekar Gunung Bromo/Singa Barong; teu gagabah di na “Usaha” teh, estu dipilih heula jeung dipikir di bulak balik; bisi gagal jeung matak ngaruksak tujuan nu leuwih gede; nu matak salila ieu , euweuh Pangreh Praja nu curiga ka ieu kumpulan; dianggap kumpulan Hindu nu misahkeun diri we. >Sudagar nu ngaliwat ka jalan deukeut ka Gunung Bromo can ngajaran diganggu; tapi warta ngeunaan bakal liwat sudagar, terus dibikeun ka Ratu Gunung; sedengkeun maranehna mun ngabegal, henteu di deukeut Gn. Bromo tapi ngahaja jauh ti tempat eta; jadi sudagarna geus jauh pisan kakara aya cegatan, bari teu ngaku ti Singa Barong. >Malah aya sababaraha sudagar, nu dicegat ku begal ( konco Singa Barong ); siga rek dibarinasa pisan, tapi jol we daratang para pendekar bari mamawa Bandera Singa Barong nulungan. Atuh ngaran Singa Barong ge alus di para sudagar mah. Nya loba oge sudagar nu mere hadiah ka Singa Barong. >Ku ayana kitu, gorombolan Singa Barong jadi kuat pisan posisina; tapi ku sabab loba rekayasa, loba oge anak buahna nu sebel ku cara2 kitu, lantaran eta mah geus nyoreng ngaran Kapendekaran, cenah. Jadi nu kurang panuju mah, pindah cekelan jadi tukang tani, atawa padagang, embung pipilueun jadi pendekar. Tapi mun aya nu wani ngalaporkeun kaayaan kitu ka pangreh praja, teu antaparah deui dibinasa ditengah jalan. >Loba oge Para pendekar nu biluk ka Singa Barong, ahirna dibinasa ; lantaran bakal ngabahayakeun kumpulan. Ti harita aturan jeung disiplin ditambahan deui; mun aya jagoan anyar asup ka Singa Barong, tangtu sina sumpah heula > Samemeh ditarima teh. >Ditempat jauh, ayeuna mah Gorombolan Singa Barong, geus mimiti dikenal; mimiti maranehna ngangkat dirina; kadang kala ayeuna mah wani oge ngabegal terang2an; tapi ditempat nu jauh ti Gunung Bromo. >Na hiji waktu Opat Jagoan keur badami pa ting kucewis; cenah aya warta nyao bener nyao kabar angin wungkul; yen aya hiji kareta nu ngabogaan hiji rasiah gede; teu nyaho rasiah naon; ari nu bogana cenah hiji pamuda; tapi teu nyaho di mana ? Tah bur ber para telik sandi ti golongan Pendekar Gn. Bromo turun neangan sugan aya warta nu leuwih kuat deui. >Ahirna cenah aya hiji Pamuda di Pasir Jahe, ngaranna Rangga; boga hiji kareta nu kacirina dipusti pusti pisan; sanggeus disilidik leuwih taliti ahirna imah Ki Rangga dijorag, nepi ka tarung. Memang Ki Rangga gagah, teu bisa eleh kitu wae; tapi ku sabab lobaan; nya eta kareta bisa direbut; tapi eta Ki Rangga terus ngudag, nepi ka tarung deui; tapi ahirna Ki Rangga kasoran jurit; awakna pinuh ku tatu; terus we ditinggalkeun di sisi jalan; duka maot duka henteu. >Terus we kareta teh dibawa ka tempatna Para Pamimpin Golongan Pendekar; maranehna aya ka na samingguna mariksa kareta; tapi weleh teu nyaho naon kaistimewaanana; tapi mun euweuh kaistimewaan, naon sababnaa dibela pisan ku Ki Rangga ? Jadi na waktu harita eta kareta teh diteundeun we di pipir imah para Jadug Singa Barong, bari sakali kalieun dipariksa deui.
